0
Bulan sapasi tatan-tatan
Nyawang bentang nu baranang
Pating kariceup
Ngajakan imut.

Bulan sapasi wangun isin
Nembongan na sela-sela ropek poek
Ngabageakeun.
Najan kari sapasi, sesa kamari
Tetep endah, silih bageakeun jeung bentang

Angin pating kulisik
Ngahiliwir na pucuk-pucuk dangdaunan
Mintonkeun tembang nu sasari
Kidung asih.

Lalaunan bulan dangah
Neuteup bentang nu baranang
Bulan teu weleh nembongkeun geugeut
Ngajak gogonjakan ka bentang
Sato peuting ngengklokan
Mirig kidung ...asmarandana ngalagena
Ngahiap, lir ngajak patandang

Bulan, bentang, suka seuri
Dipirig dangding, hiliwir angin ti peuting

Nur Fithry
Malangbong, 12 Nopember 2012

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top