0
Sora kacapi kapireng peuting keur simpe
Juntrang-jentreng noelan kalbu
Matak waas,
Tibelat kieu rasana

Sora kacapi lus-les diulinkeun angin

Anjeun,
Kapireng nurihan jempling
Hate atra mingkin kingkin ngahariring.

Teh Tien Lukman

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top