'Na lambaran kanyaah
'Na amparan kaheman neundeun endahna.
Mangkak karembangan,ligar sataman dina impleungan.
Kahayang ngajul ringkang ajeun,
sugan katampi nalahunna panghareupan...
'Na geuning ahirna kieu?
Kasapu ku angin peuting,
lalangitna kasaput ugkara jalir, pasini udar pedaran?
Geuning
Gamparan ukur sarewu janji nu sesah kaukur.
Sakur di papaes ku mamanis.
Lantis katurih girimis tiis,
udatna samar katinggal.
Ngantunkeun tatu na kalbu.
Abah Mamay

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar