0
Manteng, neutup jelegurna ombak dina sagara
Nu makplak satungtung deuleu
Anteng ngawurkeun lamunan
Nu udag-udagan jeung manuk walet
Ting suruwuk paheula-heula

Muru tungtung renghap
Nu peupeus mancawura dina jentulna karang
Ngabudah maseuhan keusik basisir

Duh
Aya nu ngilu motah
Ngagulung pating surungkuy nembrag dada
Minuhan kongkolak mata
Ngalembereh mapay pipi
Ngagantung dina tungtung gad

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top