Ti isuk neupika isuk
Bantal geus jadi batur simpè
Ngagambar na hareupan, ngalangkang na lalangit
Nyacas bodas euweuh ka gorèngan
Geus sabaraha lambar carita katresna
Rangsak di sasaak masalah
Lain èta nu di pikiran
Anjeun teu ka impleng na impènan
Anjeun euweuh bagian na paparan panghareupan
Anjeun geus tilem dina kanyeurian nu di jieun sorangan
Duh panutan
Kapeurih kuring geus teu beunang di hihilian
Kanyeuri kuring geus teu beunang di omèan
Kasabaran kuring geus suda di tungguan
Hampura
Salah kuring nampa ku karunya, lain ku katresna!
Ayeuna karèk karasa
Kuring ogè butuh rasa
Hampura,,
Anjeun ngagugulung katresna
Anu geus jadi bugang na rasa
Mhh
Ku naon anjeun cimata
Lain geus loma anjeun jeung kuciwa
Haar na beut beudah?
Marantha Putri Surya

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar