0
Sanajan dibekem
Masih bisa ngagerem

Gerem leuwih rosa
Batan heurasna carita

Sanajan ditemprang ditengkas
Kuda-kuda istiqomah
Nanceb dipaseuk alif mim kalimah syahadah
Nu dijadikeun kana embun-embunan
Mangsa waruga anyar pinanggih
Jeung alam pawayangan

Kakawasaan bisa nandasa raga
Ngakaya jiwa
Tapi mo bisa ngagunasika pikiran mardika
Rohna ngalalana
Nyusupkeun geter hatĕ
Geter sungapan kamanusaan
Kana unggal sungsum
Unggal renghapan

Hiji ditandasa
Mangyuta ganti
Antri ngeupeul peureup nembang durma
Nyingraykeun kapetengan

*** Papa Elssa Sambok ***

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top