0
Ngadeluk cangkeuleun cangkeng
Tiasa pami digentos
Nyi Esih elekesekeng
Dangdos rapih ngantos waktos

Mengkol lebah parapatan
Lamun langkung teu sawios
Ngantosan malam Jum'atan
Kitu nyaur ngaharewos

Meuli sakilo kokosan
Di jongkona Uwa Titi
Aya naon cing wartosan
Abdi mah teu acan surti

Iis
Bdg, 160513

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top