Ukur lamunan
Nya ukur dina lamunan
Lain wanci teu mustari
Lain mangsa nu sulaya
Meureun titis tulis diri katresna pegat akhirna
Tapi naha atuh jungjunan
Rasateh hese rek sirna
Malah beki ngagalura
Lir lambak lambak sagara
Neumbrag kana jero dada
Memang wanci tetep wanci
Pamohalan balik deui
Najan beurat mungguh rasa
Kapaksa kudu narima
Jungjunan, kiwari urang papisah
Nyukcruk galur kahirupan
Ngambah sagara katresna
Dina sakoci nu beda
Pileuleuian jungjunan
Pileuleuian.
Kintunan Asep S
Nya ukur dina lamunan
Lain wanci teu mustari
Lain mangsa nu sulaya
Meureun titis tulis diri katresna pegat akhirna
Tapi naha atuh jungjunan
Rasateh hese rek sirna
Malah beki ngagalura
Lir lambak lambak sagara
Neumbrag kana jero dada
Memang wanci tetep wanci
Pamohalan balik deui
Najan beurat mungguh rasa
Kapaksa kudu narima
Jungjunan, kiwari urang papisah
Nyukcruk galur kahirupan
Ngambah sagara katresna
Dina sakoci nu beda
Pileuleuian jungjunan
Pileuleuian.
Kintunan Asep S
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar