0
Sarèrèngèngè mimiti miang
Nyèsakeun saeutik beureumna
Dina raray anjeun mangsa ngaraos isin
Katempo katumbiri dina juru soca

Dina sujud magrib biyeu
Aya anjeun ngalangkang dina khusuna

Sapertos angin nu teurus aya
Mareungan rènghapna kuring

Kusabab anjeun, wanoja!
Nu ngawangun tajmahal dina hatè kuring
Ngawandaan, ngeusian, ngajadi hurup dina kalimah puisi kuring
Sanajan anjeun lain bagèan iga iyeu

Ku sabab anjeun, wanoja!
Lir kukupu dina ligar na kembang
Nu jadi bagèan tina kaèndahan kersa Pangèran

** Bias **

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top