Geulis
Mangsa panonpoe neuteup haneut
Aya ringkang anu teu bisa di halang
Ngajirim ngajadi pasti dina ati
Tuluy ngiuhan dina kongkolak panon
Di papaes ku hiliwir na angin
Jadi rupana katresna
Emmmh
Najan ukur salangkung
Anjeun nembongan
Tapi jadi lalakon panjang
Dina rengkak pari polahna poe
Kawas kiwari
Imut salira eces jadi tilamna kasono
Rinai Gerimis Pagi
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar