Duriat geus mangsana manjangan, jungjunan
Nyangsaya nyarandekeun hate
Teu wasa, ngelemeng kasaput simpe
Ngagerihan, muntang hariwang
Didieu pisan
Cihujan nyangkaruk dina lamunan
Naha imutna bet teu raat-raat
Rumingkang mawa napak tilas
Mangsa dua rasa ngagalura
Pirang-pirang kalangkangna
Miripis mungkas tembang girimis
Gulinggasahan, cuang cieung ngarasa keueung
Nedunan katresna, ngagugulung kasono
Kamemelangan
Layung koneng namperkeun katresna
Namper wening jadi eunteung katineung
Aya duriat nu manjangan, jungjunan
Beueus rasa ku kumelip kiceup kaasih nu lawas
Mugia manjang, mugia salawasna aya dina ridho Gusti
Nyangsaya nyarandekeun hate
Teu wasa, ngelemeng kasaput simpe
Ngagerihan, muntang hariwang
Didieu pisan
Cihujan nyangkaruk dina lamunan
Naha imutna bet teu raat-raat
Rumingkang mawa napak tilas
Mangsa dua rasa ngagalura
Pirang-pirang kalangkangna
Miripis mungkas tembang girimis
Gulinggasahan, cuang cieung ngarasa keueung
Nedunan katresna, ngagugulung kasono
Kamemelangan
Layung koneng namperkeun katresna
Namper wening jadi eunteung katineung
Aya duriat nu manjangan, jungjunan
Beueus rasa ku kumelip kiceup kaasih nu lawas
Mugia manjang, mugia salawasna aya dina ridho Gusti
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar