0
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Ka pelok anu dipelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha kapan buahan

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngeteyep nyiar kahakanan
Teu kaděngě rumahuhna
Tangkal nu lungsě butuh cihujan
Teu kaděngě inghakna

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah nyaho mulang tarima
Ka lemah tempatna matuh
Muragkeun danggaunan
Pikeun kasuburan

Ka manusa nu melakna
Měrě bungbuahan
Geusan nyambung kahirupan

Kumpulan surat panjang ti Cijulang.
Ku Kang Rahmat M.S.I (almarhum)

Papa Elssa

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top