Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili
Najan gumulung digelung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti malati sanubari
Anging Anjeun nu surti
Hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeun tuhu dina puhu kalbu
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili
Najan gumulung digelung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti malati sanubari
Anging Anjeun nu surti
Hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeun tuhu dina puhu kalbu
Copyright © Tatar Pasundan
Nyugunkeun ijin kopas kang kangge ngaluaskeun kasundaan di blog kuring, salam tepang ti Iman Zenit (admin www.jadilah.com) ti palihan pangandaran...
BalasHapusMuhun mangga kang.
HapusSalam tepung oge hatur nuhun oge parantos kersa linggih ka ieu blog.
hatur nuhun pisan euy...:D ti palihan mana kang panjaluna?
Hapus