Karasa sa'abna
Bayeungyang lebah kahayang
Hayang beuncing
Hayang nyangking
Ka'ahenganana rasa nu disebut katresna
Asa geus poho, kumaha rupana?
Asa moal ari, puguh jalan nu disorang
Kari nutug ka lebah lamping
Beurang,
Tempat panon poe mengok ngulon
Anjrekan ciang-ciang jeung caricangkas
Tongeret namping na biwir gawir lamping
Wayahna
Jangjang peuting kekeleperan
Euntreup dina tonggong mega
Kamana bulan ngaleosna
Boa kakalayangan dina poekna tunggara
Boa teuleum dina sagara cimata
Deudeuh teuing, hampura
Peuting karasa sa'abna, tuh gening mimiti ngaruy lebah buruan
Sakeclak maseuhan tatapakan
Miripis dina suhunan kamelang
Beuki asa ngalongkewang
Hariwang
Peuting kur kareungeu renghapna
Humandeuar lebah jandela kamar
Nu muka hordengna
Impenan sidengdang dina pajuaran
Ngagero halon
Ngajak gancang lalayaran
Silih rangkulan meulah jemplingna peuting
Sugan panggih jeung kalangkang
Ngajirim najan kur dina impenan
Bati kahayang
Peuting karasa sa'abna,
Dunungan, anjeun jeung langit peuting
Sarua jemplingna
Harianeun
Bayeungyang lebah kahayang
Hayang beuncing
Hayang nyangking
Ka'ahenganana rasa nu disebut katresna
Asa geus poho, kumaha rupana?
Asa moal ari, puguh jalan nu disorang
Kari nutug ka lebah lamping
Beurang,
Tempat panon poe mengok ngulon
Anjrekan ciang-ciang jeung caricangkas
Tongeret namping na biwir gawir lamping
Wayahna
Jangjang peuting kekeleperan
Euntreup dina tonggong mega
Kamana bulan ngaleosna
Boa kakalayangan dina poekna tunggara
Boa teuleum dina sagara cimata
Deudeuh teuing, hampura
Peuting karasa sa'abna, tuh gening mimiti ngaruy lebah buruan
Sakeclak maseuhan tatapakan
Miripis dina suhunan kamelang
Beuki asa ngalongkewang
Hariwang
Peuting kur kareungeu renghapna
Humandeuar lebah jandela kamar
Nu muka hordengna
Impenan sidengdang dina pajuaran
Ngagero halon
Ngajak gancang lalayaran
Silih rangkulan meulah jemplingna peuting
Sugan panggih jeung kalangkang
Ngajirim najan kur dina impenan
Bati kahayang
Peuting karasa sa'abna,
Dunungan, anjeun jeung langit peuting
Sarua jemplingna
Harianeun
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar