0
Neuteup langit pasosorè
Aya katineng dina layung
Nyumirat mauran hatè
Meureuman èndah mangsa
Ngeutret keun puisi ku mangsi emas

Duh layung
Lir wanda raray salira
Tungkul teu wani nyarita
Waktos kedal na ka cinta

Kapinis nu kakalayang
Pangmawa keun sono kuring
Najan urang jauh pa anggang
Hatè teu eulat nyarengan
Ngeukeupan saban peuting

Duh layung
Gambarkeun ka sono kuring
Anggng moal jadi panghalang

Nyeucep asih pidu'a anjen
Nyarengan lèngkah na mangsa
Najan peurih pajauh
Mugiya ikhlas nyarengan

** Bias **

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top