Sora turaes mimiti ngagelik mirig wanci
Nganteur panon poe anu reupreupan rek mulang
Kalakay marurag ngalayang teu walakaya katebak angin
Mapantes kapeurih anu kiwari ngageri ngalembereh mapay pipi
Emmh.....Jungjunan
Naha atuh urang bet tepang di tutugan jalan
Ari lebah lembur urang rek paturay mah?
Naha teu katinggali garingna jukut anu ngiuhan kembang katresna?
Naha teu kadangu jeritna regang anu parotong?
Naha anjeun ngan ngeluk tungkul bari teu cumarita?
Na kamana leungitna basa anu teu weleh endah ngabunian jajantung poe?
Kamana?
Ngan sora turaes
Jeung koneng na janur anu nangtung
Kiwari jadi saksina keclak cimata
Rinai Gerimis
Sumedang, 23-06-2012

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar