Pasosore dibasisir
Panon poe neuleuman sagara nu umpalan
Nyesakeun hibarna layung
Beurang antare wekasan
Beurang rek salin jinis ku poek mongklengna peuting
Sagurat tresna dipupus ombak
Pating jelegur meupeus keyang
Nembragan dada nu honcewang
Angin nyiriwik nyisitan ati
Nyereset halon rasa kasono mungkas lalakon
Kalangkang anjeun diranggeum halimun
Ngolebat dina karang nu dadas bati dikuras cimata
Ngangkleung ngeyembeng
Ngabaseuhan basisir nu tambah aleum
Masih ngajentul nungguan anjeun, panutan
Dibaturan seahna sagara nu mapakan nalangsa taya sudana
Dibaturan layung ngempur nu nyangkrung mincuk laut teu leler
Pasosore dibasisir
Mentangkeun harepan nu meh leupas diti'ir lambak
Nyacapkeun harepan nunggu anjeun datang
Sok sanajan ngan ukur iber nu dibawa angin, hiber
Ah
Puguh ge pamohalan
Ah
Naha hate teu daek wae ngelehan
Pasrah sumerah
Nutup lamunan ku kaikhlasan
Naha bet teu wasa?
Jungjunan
Naha bet teu bisa?
Ah...
Cimata Nyi Iteung, 070512

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar