Kamari ieu aya langlayangan pegat talina
Ngawang-ngawang nuturkeun abringan mega
Rék ka mana nya indit
Dina hate kiwari ngancik kasedih
Dibarengan cipanon anu murubut
Geus lawas pisan teu panggoh
Ema, Bapa…
Lamun beurang datang
Kuring ingkah
Teu puguh nu ditéangan
Sakaparan-paran
Lamun panon poé geus tibra
Kuring ngampih
Di mana?
Nya dimana deui atuh tempat kuring ngaringkuk
Lamun lain di kolong jambatan…
** Papa Elssa **
Ngawang-ngawang nuturkeun abringan mega
Rék ka mana nya indit
Dina hate kiwari ngancik kasedih
Dibarengan cipanon anu murubut
Geus lawas pisan teu panggoh
Ema, Bapa…
Lamun beurang datang
Kuring ingkah
Teu puguh nu ditéangan
Sakaparan-paran
Lamun panon poé geus tibra
Kuring ngampih
Di mana?
Nya dimana deui atuh tempat kuring ngaringkuk
Lamun lain di kolong jambatan…
** Papa Elssa **
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar