0
Panon poe nojo hate
Nangkeup haneut lelembutan
Mangle siloka tungtung lamunan
Ngadalaingdingkeun hariring

Kawih asih na dasar katineung
Ngagalura lebah lolongkrang rasa
Jadi kembang panganteur lengkah
Gugupay ngajak eunteup ku geugeut

Malar janten tarate papaes hate
Kantenan dina saliring dumadi
Asih ngamalir bukti teu jalir
Katresna nu mangkak moal sulaya

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top