Panonpoé wayah lingsir muru dahan peuting
Hurung mubyar nungtun layung
Dipayungan halimun marengan hiliwir angin
Mernahkeun tiisna lebah tegalan rasa
Tonggérét kari rérétna mérè tanggara dina kararas
Nu boléas ngahihidan pucuk eurih, tingarulang
Nembrakeun congo kapeurih nu lawas kasuat
Tibelat nyaksrak nyasaak rasa dina tatu teu kaur
Lita mangsa urang ngamparkeun kanyaah
Lemah katresna mimiti beueus nembus jajantung
Ngagerihan sanubari nu teu kalis sedih kingkin
Asih nu salah wanci jumerit dina tungtung
Sariak layung.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar