Naha bet aya rasa nyaah ka anjeun?
Naha bet aya rasa kamelang ka anjeun?
Naha bet aya rasa asih ka anjeun?
Naha anjeun ogé sami geulis?
Lamun nyebut ngaran anjeun
Karasa aya nu tiis kana ati
Karasa nu nyaliara kana sanubari
Naha bet kieu karasana?
Duh!
Ieu kitu nu ngaranna cinta téh?
Ah geuning aya rasa kasiksa
Kangen kuring keur anjeun geulis.
INA
Bdg, 050512
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar