0
Lamun kongang,
ieu Purnama sina nampeu
na raray haté Anjeun
nu meredong jungkrang tepi cékas katingali dasarna.

Didinya
Naha enya aya amparan batu némprak
anu ngeplak
jeung nyatet pageuh ngaran kuring?

Cenah éndah
meunang natah ka Asih
jeung cipruk ibun kahéman pating karelip

dina tiap usik jeung rénghap Anjeun
heunteu reureuh migandrung trésna ti kuring.

Kang IsMaya
'Citra'

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top