Naha geuning cai mata bet dipiceunan?
Pok bejakeun ka kuring!
Pok caritakeun ka kuring!
Ti iraha cai mata anjeun turun murubut?
Geulis!
Lebar cai mata dipiceunan
Naha naon hartina?
Cai mata kasedih?
Cai mata bahagia?
Cai mata kaasih?
Keur saha cai mata eta?
Iraha atuh anjeun balaka ka kuring?
Kuring moal bosen nganti gerentes hate anjeun
Geulis!
Sing peracya!
Kuring siap mepende hate anjeun
Kuring siap mikaasih anjeun
Kuring siap mikanyaah anjeun
Iis NA
Bdg, 30042012
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar