Dangdak-dengdek ngariasna
Teu poho nerapkeun cela
Bageur aya batasanna
Babari eukeur neangan
bageur anu sakacapruk
Antukna rugi sorangan
Sakedapan hoyong mios
Kusababna rada cageur
Nyuguh kopi teu sawios
Eta ge kalebet bageur
Jalan cai make talang
Ngarah euweuh nu ngiruhkeun
Bakating bageur kawilang
Nu dilarang disuguhkeun
Ngumpulkeunna bahan-bahan
Majar rek eukeur dagangan
Balukar tina nyuguhan
Opat bulan na kandungan
Iis
Bdg, 250513
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar