Luhureun talaga kahéman
Sumirat ngeunteungan raga
Katineung meruhkeun panempo
Batin samar dina panyawang
Konéng emas sinangling
Gumebyar medar lampah alam katukang
Aweuhan panyambat batin
Ngajomantara mapakan méga
Katresna salur kayas pulas bodas
Nyacas ngamparan alam pangrasa
Halimun ngeclakeun ibun
Lantis nembahing mamanis
Cireumis asih maseuhan raga katineung
Angin ngadalingding miharep
Panggupay daun nu kiwari pias
Ngararas tug murag ngalakay
Tingkoléang sudi ati ninggalkeun
Régang kamelang nu teu weléh dipépéndé
Hariring nu geus simpé
Kenging : Bayu Arya Laksmana
Sumirat ngeunteungan raga
Katineung meruhkeun panempo
Batin samar dina panyawang
Konéng emas sinangling
Gumebyar medar lampah alam katukang
Aweuhan panyambat batin
Ngajomantara mapakan méga
Katresna salur kayas pulas bodas
Nyacas ngamparan alam pangrasa
Halimun ngeclakeun ibun
Lantis nembahing mamanis
Cireumis asih maseuhan raga katineung
Angin ngadalingding miharep
Panggupay daun nu kiwari pias
Ngararas tug murag ngalakay
Tingkoléang sudi ati ninggalkeun
Régang kamelang nu teu weléh dipépéndé
Hariring nu geus simpé
Kenging : Bayu Arya Laksmana
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar