Pasosore nganjangkeun kamelang hate
Ngumbar panglamunan dina layung koneng
Mapay sisi gunung
Nyingraykeun halimun nu karak tarurun
Mapag peuting nu geus rempeg
Paselang dina karungsing nu ampir ngagawir
Renghap angin meupeuskeun hareneg
Nengkasan harepan pamohalan nu pabalatak dina jujukutan
Ah...
Srangenge meuntasan catang
Nguyabkeun impenan dina jerona talaga peuting
Enya,
Engke mun layung ditilepan angin
Rek teuleum, kokojayan dina leuwi nu jempling
Duh panutan
Lamunan kakalayangan
Ngoleab katebak angin
Paburencay minuhan lamping
Hate tambah rungsing
Pasosore ampir wekasan
Layungna pias, geus teu hibar
Nganteurkeun kalangkang panon poe ku teuteup nu mawur
Nganteur katresna nu teuing kamana kudu ditepikeuna
Ngayang dina kamelang...kasono nu nilam peurihna kaheman
Panutan, duh panutan...
Galura Rasa Puisi Sunda

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar