0
Aya purnama ngambang dina dahan mangsa
Ngajak pagundeman wanci peuting ngarayap lalaunan
Teuteupna anteb narah rek ngiceup
Siga nu alim kaliwat mangsa sarenghap kasono ngajorelat
Tembus nanceb dugika parat

Angin maturan lengkah nguyab dangdaunan
Nu pating koleab maruragan
Pabalatak sapanjang jalan satapak
Dina sela imut nu awur-awuran
Mawur acak-acakan

Harianeun
Waas ku deudeuhna
Tapi tresna kantun tunggulna
Catang malang nugar harepan
Serah bongkokan kana kanyataan
Nu teu paruk mun ka cinta manjing
Duriat nyangreud pageuh nalian kabagjaan

Emh, enya da pamohalan
Anjeun jeung kuring beda sagalana
Anjeun jeung kuring kur bisa ngeukeuweuk rasa
Hamo kacinta nepungkeun raga
Bati nalangsa

Aya purnama ngambang dina sagara
Teuteuleuman dina samagaha nu taya anggeusna
Sakapeung mah sok asa ngarasula
Nanging batan dikumaha da katresna moal tiasa dipaksa pirusa

Duh panutan,
Anjeun ukur jadi kalangkang,
Batur lengkah nu marengan kakalayangan
Dina panglamunan

Iteung, 250512

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top