Hiliwir angin mawakeun katineng anjeun
Murag dina amparah sajadah
Jadi geurentes pangharepan marengan keclak ci mata
Kadeudeh nu lawas meungket
Teu laas kalibas mangsa
Ngarohaka lir karang di sagara
Kaasih urang
Kasipuh ku kapeurih
Di kuatan ku lara tunggara
Jadi wangunan anu tohaga
Mugya ridho Pangèran
Nyarengan salamina
Dugika akhir mangsa
Ai Halimah
Smd, 211012
Jadi geurentes pangharepan marengan keclak ci mata
Kadeudeh nu lawas meungket
Teu laas kalibas mangsa
Ngarohaka lir karang di sagara
Kaasih urang
Kasipuh ku kapeurih
Di kuatan ku lara tunggara
Jadi wangunan anu tohaga
Mugya ridho Pangèran
Nyarengan salamina
Dugika akhir mangsa
Ai Halimah
Smd, 211012
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar