Kuring hayang balaka poe ieu ka anjeun
Ah cape nyumputkeun eusi hate teh
Beurang teu weleh ringrang
Peuting sok kumelendang
Nyinglarkeun bangbaluh hate
Ah cape lain meumeueusan
Caritana kuring lalaki lalanang jagat
Maenya eleh samemeh bener-bener eleh
Dag dig dug dag dig dug
Aduh na geuning beurat keneh wae rek ngucapkeun
Kuring kataji ku anjeun
Kuring kajamparing ati ku anjeun
Kuring reueus ka anjeun
Kuring hayang mikanyaah anjeun
Duh Ema, Bapa!
Kuring anteur kaludeung
Bet cape mendem hate nu tacan kedal keur nyi mojang teh
Iis NA
Bdg, 010512
Ah cape nyumputkeun eusi hate teh
Beurang teu weleh ringrang
Peuting sok kumelendang
Nyinglarkeun bangbaluh hate
Ah cape lain meumeueusan
Caritana kuring lalaki lalanang jagat
Maenya eleh samemeh bener-bener eleh
Dag dig dug dag dig dug
Aduh na geuning beurat keneh wae rek ngucapkeun
Kuring kataji ku anjeun
Kuring kajamparing ati ku anjeun
Kuring reueus ka anjeun
Kuring hayang mikanyaah anjeun
Duh Ema, Bapa!
Kuring anteur kaludeung
Bet cape mendem hate nu tacan kedal keur nyi mojang teh
Iis NA
Bdg, 010512
Copyright © Tatar Pasundan
Template nya bagus benget gan
BalasHapus@Dayat Software Terima kasih sobat atas kunjungannya. Template ini hasil buah karyanya mas Semar Bingung.
BalasHapus