Wanci peuting karak wekasan pisan
Neuleumkeun impenan dina jukut reumis aribunan
Sagagang kembang simpe mangkak kahaneutan srangenge
Dauna ramisak maseuhan samagahana hate
Angin ngagero halon
Ngaitkeun lamunan dina rembetna kakayon
Sapotong lalakon tadi peuting teu kungsi dianggeuskeun
Diteureuy buleud ku kandelna halimun
Sesana nyarakclakan tina juru soca
Ngalemereh maseuhan tatu nu sakali deui kakoreh
Harianeun
Wanci peuting mulangkeun hiji jirim
Nu kungsi nalikung duriat
Meulitkeun asih nu akhirna kedah pukah
Dipungkas ku jarak
Dipeunggaskeun ku waktu nu keukeuh teu panuju
Deudeuh teuing
Bulan kokojayan dina cimata
Dada peuting tatu, gudawang parna
Bentang maruragan
Pabalatak jeung cihujan
Pabuis marengan girimis
Pagaliwota jeung citangis nu taya saatna
Ngagarantung jadi reumis
Jadi ibun nu ngalantisan subuh rebun
Ngagarenang dina jujukutan
Dina renghap srangenge nu anteng ngimeutan
Regep nitenan lengkah nu rumanggieung nete lelemah beurang
Sagagang kembang simpe mangkak diburuan
Sugan wae baranahan
Enya,
Sugan wae jadi patamanan simpe
Nu tetep endah sok sanajan kur nangelang sosoranganan
Nangelang meakeun sesa poe nu disorang
Ah, kajeun teuing
Moal, moal dek ringrang,
Da masih keneh boga Pangeran
Nu mika asih, micinta taya kendatna
Nu nyarengan salawasna
Wanci peuting karak wekasan pisan
Nyesakeun reumis dina jujukutan
Nyesakeun ibun nu katojo srangenge
Ting gurilap, herang ngagenclang
Cimata Nyi Iteung, 100512

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar