Kamari rundayan katineung dipalerkeun
Nyirungan deui guligahna rasa
Lir ibun murag sakeclak
Nyinglarkeun tunggara
Bongan gugupay wanci balebat nyampeur
Matak nyeredet kana hate
Rasa sono patepung alatan ramo
Duh gamparan
Geuning kawit pateupung teu di pungkas
Ngalongkewang diri leungiteun puntang
Lieuk deui mencrong sono
Nganti basa ti salira
Nepi ka balebat nyampeur
Wanci sareupna datang
Papan caang terus pareum
Ngarenghap…
Hanjellu harepan sirna
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar