0
Angin jemlpling taya hariring
Cihcir jumerit ngaweuhan lalangit
Pikir nu simpé minuhan ruruhit peuting
Bulan ngalimba tungkul
Semu alum ngeclakeun ibun kamelang
Murubut mudalkeun lara ngéplokeun pangeusi leuwi ati.

Béntang katideresa katutup halimun kalbu
Mugagkeun pangharepan nu méh sirna kasaput gunung hanjelu
Janari leutik ngetrik bawaning angin
Nu teu weléh cicing ngantep panggupay
Tangkal kanyaah ngajungkiring lebah talaga kahéman

Tingkoléang daun-daun kamelang
Ngararas katambias panyawang bulan
Ragrag ngajadi kalakay nu geus teu daya
Nutupan cireumis asih
Ngamparan tegalan rasa
Mépéndé lalangsé mangsa balébat datang

Kenging: Bayu Arya Laksmana

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top