Tos lami pisan urang paanggang
Ka pisah ku mangsa jeung sagara
Nyumputken kapeurih ati dina geudur impian
Kasono lir silalatu nyimbutan saban waktu
Ngulayaban kokolèmaran di awang-awang
Moal suda mikacinta salira
Neng,
Sawang dina cai ibun
Cimata nu nyaksian peurih pa anggang
Ceurikna hatè balilihan saban peuting
Neng,
Tuh tingali sarèngèngè
Impènan jeung kahayang urang
Panghibar ka waas akang
Nyukcruk lèngkah nunggara pangumbaraan
Ngahontal bagja asih Pangèran
Neng,
Geurentes du'a salira
Numbalan jerit na ati
Najan lèngkah kakarayapan
Rumanggiyeung lalaunan
Ngudag impènan kahirupan
Mugiya hibar-Na nyaangan
Marengan urang duaan
Samarinda, 09052012
Ka pisah ku mangsa jeung sagara
Nyumputken kapeurih ati dina geudur impian
Kasono lir silalatu nyimbutan saban waktu
Ngulayaban kokolèmaran di awang-awang
Moal suda mikacinta salira
Neng,
Sawang dina cai ibun
Cimata nu nyaksian peurih pa anggang
Ceurikna hatè balilihan saban peuting
Neng,
Tuh tingali sarèngèngè
Impènan jeung kahayang urang
Panghibar ka waas akang
Nyukcruk lèngkah nunggara pangumbaraan
Ngahontal bagja asih Pangèran
Neng,
Geurentes du'a salira
Numbalan jerit na ati
Najan lèngkah kakarayapan
Rumanggiyeung lalaunan
Ngudag impènan kahirupan
Mugiya hibar-Na nyaangan
Marengan urang duaan
Samarinda, 09052012
Copyright © Tatar Pasundan
penting pisan ieu kanggo urang sunda kanggo mempelajari bahasa sunda
BalasHapus@Deddy Supriadi Sumuhun kang leres pisan, komo deui ayeunamah tos seueur pisan para nonoman sunda nu teu tariasa Bahasa Sunda kumargi panginten ku sepuhna leuwih diutamikeun diajar bahasa nasional.
BalasHapusHatur nuhun kunjunganana kang.
saé pisan kang..
BalasHapuspunten ngiringan nimbrung :D
@doni nur adiana Nuhun pisan kang. Hatur nuhun oge tos mampir.
BalasHapusmuhun kang sami-sami. .
Hapus