2

Panon nyileuk nuturkeun lamunan
Milang renghap dina simpena wiati
Hariwang tresna kalid sulaya
Tunggara ngeukeup bangbaluh

Hujan cipanon teu bisa raat
Hate raheut nyorang tunggara
Hariwang puguh hariwang
Bagja hate ukur saliwat

Jungjunan jauh ditungtung lamunan
Anggang waruga teu karampa
Palangsiang ajeun sulaya
Ukur nyimbeuhan hate nu simpe
Duriat udar tina simpay harepan

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

  1. Artina naon kang ?

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hartosna hariwang atanapi kasieunan yen panutanana anu tebih jalir tina janji nu tos paheut.

      Hatur nuhun kang.

      Hapus

 
Top