0
Angin ngahiliwir
Tiis karasa ngaliwatan damis
Rambut udar tina beungkeutanna

Seok-seok sorana daun tangkal awi
Duuuuhhh jauh panineungan
Dimana atuh salira ayana

Akang masih emut gelenyuna salira
Akang masih emut rindat deudeuhna salira
Akang masih emut sadayana geulis

Ayeuna
Boa-boa tos kabengbat
Boa-boa tos aya nu nyambat atina

Kieu geuning duriat nu kapegat
Kieu geuning duriat nu hese lumpat
Duriat teh endah tapi nyiksa

Iis Nur Aisyah
Bdg, 080313

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top