Mapay carita mangsa ka tukang
Lalakon nu di tulis dina ngenclang na ci mata
Lir hujan silantang nu ngadadak ngaro'otan
Waktu anjen balaka narima cinta
Jalan satapak ngaliwatan mumunggang
Aya imut nu teu kagantian èndah na
Najan bèntang marengan saban peuting
Ngan salira nu di anti unggal mangsa
Najan kedah malipir lamping teurewil
Nyorang jurang pinuh cucuk rungkang
Dor dar gelap kahujanan ka anginan
Akang moal unggut kalinduan
Moal pisan gedag ka anginan
Cadu mungkuk ku mèok mèmèh di pacok
Kahèman welas deudeh ti Pangeran
Meungket pageuh nyandingken hatè urang
Dangu ken geurentes angin
Aya asih nu ngadalingding
Hariring hatè meulah peutih
Dina kasono anjen nyumanding
** Bias **
Lalakon nu di tulis dina ngenclang na ci mata
Lir hujan silantang nu ngadadak ngaro'otan
Waktu anjen balaka narima cinta
Jalan satapak ngaliwatan mumunggang
Aya imut nu teu kagantian èndah na
Najan bèntang marengan saban peuting
Ngan salira nu di anti unggal mangsa
Najan kedah malipir lamping teurewil
Nyorang jurang pinuh cucuk rungkang
Dor dar gelap kahujanan ka anginan
Akang moal unggut kalinduan
Moal pisan gedag ka anginan
Cadu mungkuk ku mèok mèmèh di pacok
Kahèman welas deudeh ti Pangeran
Meungket pageuh nyandingken hatè urang
Dangu ken geurentes angin
Aya asih nu ngadalingding
Hariring hatè meulah peutih
Dina kasono anjen nyumanding
** Bias **
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar