Kitab Élmu Tasauf Titinggal Jagasatru
Kitab Katilu
Élmu Pilampahan Nu Rek Maot
BAB II - Hakékat Tujuh Lapis Bumi Jeung Langit, Roh Jeung Jasad Manusa
Dawuhan Allah:
“Allah nu nyiptakeun tujuh langit nya kitu deui bumi” (QS 65: 12)
Jelas yén Allah midamel tujuh lapis bumi sakumaha ayat di luhur, numutkeun élmu tarékat kieu kaitanana jeung jasad manusa:
- Bumi nu kahiji kanyataanana PEUJIT.
- Bumi nu kadua kanyatanana BAYAH.
- Bumi nu katilu kanyataanana JAJANTUNG.
- Bumi nu kaopat kanyataanana ATI.
- Bumi nu kalmia kanyataanana HAMPERU.
- Bumi nu kagenep kanyataanana UTEUK.
- Bumi nu katujuh kanyataanana ELAK-ELAKAN.
Supaya dipikaharti ayeuna sugan cocog jeung engkéna. Sabab engké dina waktu maot 'nu boga imah’ meureun ngumpul jeung Roh Anu Genep. Anginna tangtu nutup, ngaranna sampurna.
Ayeuna guaran tujuh lapis langit sing jadi misil ka diri ibaratkeun jeung salira.
- Langit nu kahiji nu panghandapna, Roh Rabani anu ngancikna dina baham, mun urang muhit pangucap tangtu di dinya cicingna.
- Langit nu kadua Roh Hewani, ngahijina jeung pangrungu, mun urang muhit ka dinya nya di dinya ayana.
- Langit nu katilu, Roh Nurani ngahijina jeung pangangseu, mun urang muhit kadinya nya di dinya ayana.
- Langit nu kaopat Roh Idopi nu ngahijina jeung paningal, mun urang muhit kana titingalian nya di dinya cicingna.
- Langit nu kalima Roh Jasmani, nu nyicinganana ‘mabur’, rasana daging jeung tulang, eta tempat nu ‘rajin’ saparo santri. Maksudna rajin saparo santri, rajin ngaji bab agama, nyaritakeun batal jeung haram, ngabahas bab zakat jeung fitrah, tapi sok salingkuh. Ari cumarita dalil jeung hadist di tambah rajin muji jeung dzikir tapi tutuluyanan kana ngupat, nyaritakeun awak batur. Ari diri pribadi teu dipikir. Mangkana sasaran sing apik! Tanwandé di urang aya nu goréng di awak batur. Upami urang muhit kanu kitu nya tangtu merenahna di dinya.
- Langit kagenep Roh Nabati tempat ‘mandorna’. Upama muhit ka dinya geus tangtu cicing di dinya. Ieu tempat keur calik nu daékan, daék shalat, daék ngaji, daék éléh, daék nulung, daék mapatahan nu can ngarti jsb. Tah ieu nu disebut babasan ‘silih asih, silih asuh, silih asah, silih caangan’ (SILIH WANGI!).
- Langit katujuh ngaranna Roh Kudus nu sok pulang-anting ka luar ka jero. Cicingna dina tutunggangan Islam, cicing di Langit Katujuh.
Tapi kadé sing waspada, lain daek ngaji wungkul ngorolang apal cangkem, capétang pilih tanding, ari ditanya hartina LAPUR teu pati bisa nerangkeun, kalah ka tuluy gegelendeng malik pusing ka nu nanya. Majarkeun téh jalma comél, make ngudak harti sagala. Teu perlu diladénan, nu ngaji hukum-hukuman naon pigunaeunana, ku élmu syara oge cukup. Éta nu pasti syara téh langkung lengkep, tapi lamun teu ngariung jeung nu di luar ku pangémut acan tangtu bisa cukup ku sajalanm sabab élmu syara téh disebutna Pangaturan.
Tarékat jalan Pangaturan, Hakékat anu menerkeun kana lalampahan syara, Ma’ripat anu mukakeun, nyaangan kana jalan syara atawa ngaji.
Kitu anu kaémut, kedahna sadayana pacantél-cantél, ieu disebutna TASALSUL dina basa Arab mah. Aya babasan kieu:
Élmu pakeun nganyahokeun.
Hakékat tukang menerkeun.
Akal tukang misah-misah.
Supaya ulah pacorok nu salah jeung nu bener, nu lain jeung nu enya, sapantesna, samistina, supaya ulah pahili tumerapna hukum-hukum.
Sabab lamun hukum geus salah, kaliru menerkeun éta sok papanjangan, jadi cék-sok papaduan. Lain hukum anu salah atawa hukum teu pasti, tapi nu metakeun hukum lolobana teu ngarti. Ibarat hiji pakarang, najan alus sarta seukeut upama salah makéna tangtu taya gunana. Ibarat metakeun bedog dipake nyacaran jukut, cobi mangga emutan, kumaha tapak-tapakna?
Sumawona dina hukum upama salah metakeun moal béda jeung pakakas tadi.
- Ditulis deui ku Ki Jagasatru VI.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar