Kitab Élmu Tasauf Titinggal Jagasatru
Kitab Katilu
Élmu Pilampahan Nu Rek Maot
Sugan aya mangpaatna ka anu keresa leukeun ngulik kana hiji-hiji lalampahan nu rék maot. Nu dipilari teu aya sanés, sugan bisa ngised-ngised tina jalan anu bakal ngabahayakeun, asup kana paribasa:
“Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok”, Ari leukeun mah tur mayeng sok aya tapakna.
Ari lalampahan nu rék maot, numawi sok diaranggap seunggah ku sakumna jalma, taya sanés lian ti horéam dina nyorang anu pikasieuneun atawa pinyerieun. Malah mah sok seueur ogé nu ngajalankeun rupa-rupa bid’ah, taya lian nu dipalar, ari pokona mah kieu:
- Embung nyorang lalampahan maot;
- Sieun gering;
- Sieun cilaka;
- Sieun apes.
Tapi kumaha buktina? Sakitu urang seueur milampah tarékah, ari geus nepi kana waktuna mah teu burung dipaksa, mungkir ditambah nyeri, mungpang ditambah kasusah. Tah ayeuna parantos kauninga hal paksaanana maot. Teu aya isim anu mahi, teu aya du’a anu mental, sumawona bid’ah, najan doktor nu kasohor, dukun lepus nu pinunjul. Éta ogé lapur, dina palebah nyawa jeung badan geus waktuna papisah mah ngan kantun sadaya-daya.
Kitu ogé upama leukeun ngulik lalampahan maot, kakara pamojokanana kana pasrah atawa tuluy kana: laahaola. Upami teu uninga mah kana jalan-jalan maot, kadang-kala tuluy sasab!
BAB I – Tujuh Jalan Maot
Ari jalan nu rék maot aya Tujuh (7) lalampahan, éta nu tujuh lalampahan aya panghuluna, nyaéta:
- Baham, nu jadi panghuluna Pangucapan.
Upama urang ngawula kana kahayang ucapan, teu dipikir saméméh pok, engké di mana-mana upama nyawa rék balik, nu jadi lantaranana sok nyeri beuteung jeung seueul-angen. Sabab éta omongan urang nu matak teu ngeunah karasana ku diri batur, jalana kana ceuli/cepil, cicingna dina ati, nu geus ngarasa kateungeunah ti urang téa. Tah nu sarupa kitu, di mana-mana maot datang ka urang. - Ceuli, nu jadi panghuluna Pangdangu.
Upama urang ngawula kana pangdangu, sagala omongan digugu. Tara kalawan dipikir heula, boh nu goréng boh nu hadé, teu terang salah benerna. Éta nu jadi lantaran maot, panyakitna ngarasa panas. Sabab éta dédéngéan urang upama nampa omongan ti batur sok dilangsungkeun kana ati. - Irung, nujadi panghluna Pangangseu.
Upama urang ngawula kana pangangseu, naon sagala nu diangseu teu ngahiji jeung angin nu ka luar ka jero. Engké di mana waktuna maot nu jadi lantaran panyakitna ngarasa leuleus, lesu, teu nangan, atawa saperti anu mengi (asma). - Panon, nu jadi panghuluna Paningal.
Upama urang ngawula kana paninggal, teu sagawé jeung caangna, di mana engké rék maot sok lila molototna. Sabab beubeunangan paninggal urang léosna kana angen-angen atawa panglamunan. Naon baé nu geus katinggal tur dipikabogoh saméméhna kapimilik, éta panon sok nyileuk baé. Najan tipeuting sok lila peureum, atawa hésé saré. - Rasa, nu jadi panghuluna Sakijur Awak.
Upama urang ngawula kana pangrasa nu aya di sakujur awak, tur nu dikawulaan téh sabangsaning pakarepan dunya wungkul, teu pati ngarasakeun kana jalan batin. Éta upama rék maot panyakitna sok ngarasa eungap tur beurat, sabab beurat narik rsa-rasa nu geus tumiba kana pancaindera téa. - Pikir, nu jadi panghuluna Pikiran.
Upama urang ngawula kana pikiran, nyaéta paranti ngumpulkeun pikiran, di dinya mah masing ati-ati, sabab untung-rugi di palebah dinya waktuna. Untung upama nampa “diploma Islam”, cilaka upama nampa nu lian nu jauh jeung cita-cita. Sabab Iman téh hiji pakakas anu kacida pentingna ti sakabeh jinis sipat. - Jinis.
Lamun urang hayang kabawa ku nu katujuh ieu, nyaeta Pupuhuna ti anu genep téa, poma dina sagala tingkah ulah muhit kana salah sahiji jinis. Kabéh sakur anu HAK mah mungguh dina agama Islam éta anu kudu dikawulaan paréntahna, sarta kudu make angger-angger atawa patokan dina hiji-hijina lalampahan. Sabab anu jadi panghuluna teu napel atawa ngait ka ditu ka dieu; estu merdéka.
Jadi lamun urang dikersakeun aya milik nepi ka meunang nugraha pakeun ngiring ka dunungan anu kagungan HAK, nyepeng ka-ISLAM-an, éta geus lain darajat deui, péndékna sabéhditueun jalanna Rahmat jeung Iman Tauhid Ma’rifat Islam.
Tah kitu jalan-jalanna nu rék maot téh; mana baé nu dipuhit di antara anu tujuh, éta moal salah deui tangtu éta nu bakal mawa ka urang, lantaran dunya geus nyobat sarta wanoh, tur geus dipikaresep ku urang.
Sabab Allah swt. Nu Kagungan sipat Wahdiyah. Éta sipat anu pasti tur tetep tara obah. Samangsa-mangsa hiji lain dua, dua lain hiji, beureum lain hideung, hideung lain beureum, maot lain hirup, hirup lain maot, kitu saterusna. Lamun urang hoyong terang kana kapastian hukum.
Perkara nu rék maot kateranganana kieu:
- Dzat Daging/Getih, Éta kabéh ngumpul kana dasar Udel.
- Sanggeus ngumpul di dinya, datang nu ngumpulkeun PANGRASA jeung PIKIRAN, nya ngahijji dina UTEUK, nyaéta di alam WAHDAH.
- Ti dinya turun kana MANAH, éta sok aya ciri urat beuheung sok tarik waktu turunna.
- Sanggeus ngahiji tuluy ROH JASMANI diangkat, keur waktu diangkat sok aya ciri kawas anu kabeureuyan.
- Sanggeus kitu ngalih deui kana PEUJIT, ROH RABANI diangkat.
- Ti dinya ngalih deui kana BAYAH, ROH HEWANI diangkat. Cirina, keur waktu diangkat roh hewani sing awas ninggalina, sok bijil késang tina irung jeung sok muriding cepilna.
- Ti dinya teu lila deui terus kana JAJANTUNG, ROH NURONI diangkat. Cirina, pangambungna sok rada bingkeng.
- Ti dinya terus ngalih kana ATI, ROH IDOPI diangkat. Cirina, panon rada ngelok.
- Ti dinya ngalih deui kana UTEUK, ROH NABATI diangkat, ieu mah teu aya cirina, kawas geus teu pati nyeri, margi geus caket kana icalna.
- Ti dinya gancang turun kana ELAK-ELAKAN, ROH KUDUS nu katujuhna. Cirina, cobi cabak dina tenggekna, upama tos teu aya nu ngembut, éta téh geus sampurna. Iman Islamna geus ngahiji nu diangkat jeung nu ngangkat geus ngahiji.
Ari éta nu geus maot sok aya cicirén saré’atna ka nu mawana:
- Lamun mayit semu HIDEUNG: éta jalma nu ngawula ka PANGUCAP.
- Lamun mayit semu BEUREUM: éta nu ngawula kana PANGDANGU.
- Lamun mayit semu KONÉNG: éta nu ngawula kana PANINGAL.
- Lamun mayit semu BODAS: éta nu ngawula kana PANGANGSEU.
- Lamun cahayana semu GADING: éta mah anu geus BAGJA téa, muhit kana ka-ISLAM-an.
Tah kitu selang-surupna lalampahan nu rék maot téh.
Ayeuna kantun ‘kuburan’ anu kedah diémutan sarta sing kahartos. Ari nu utami pakeun nyorang kubur téa supaya jadi sampurna, taya lian ngan kudu sabar, pasrah, narima, sumerah dina Hakna. Sabab kajeun henteu loba élmu, tapi urang nyekelan ‘kasabaran’ nu sampurna, éta geus mangpirang-pirang darajat; urang dipaparin hiji pakakas ku Allah swt anu pohara mahalna. Tangtu éta nu dipaparin kasabaran lain jalma joré-joré, tapi jalma seliran. Ngan ieu kasabaran kudu nganggo titimbangan itungan, kieu ayat kuburan téh:
- Mimita alamna nu sina leungit, nyaréat dina kurungan. Éta mayit ‘ngaleutikan’, mimiti aya alam “Insan Kamil’, saréatna leungit antara tuurna.
- Geus leungit sahiji alam, nyurup kana alam ‘Misal’. Éta ogé surup deui, leungit deui semet biritna.
- Alam Misal surup deui kana alam “Ajsam”.
- Alam Ajsam surup deui kana alam ‘Arwah’. Kurungan nungtutan leungit. Kantun sirah nu masih aya.
- Alam Arwah surup deui kana alam ‘Wahidiyah’, les teu aya sirah. Di dinya geus euweuh rupa. Ngahiji di palebah udel. Dina akan Wahidiyah ngan tinggal kawas ‘cimani’.
- Ti dinya surup deui kana alam ‘Wahdah’, kumpul deui kana jero sirah. Ti dinya mah tuluy leungit , ngan kantun cahaya pabeulit, hideung, beureum, konéng, bodas lir ibarat katumbiri.
- Geus kitu éta cahaya tuluy nyurup deui:
Nu hideung ka nu beureum, nu beureum ka nu konéng, nu konéng ka nu bodas, nu bodas ka nu TUNGGAL, nyaéta jadi hiji CAHAYA NU SAMPURNA, hibar jeung CAHAYA TANDING. Iman Islamna geus ngahiji.
Ti dinya mah kumaha kersa, lamun tetep di kuburan, ‘karamat’ ngaranna. Lamun euweuh di kuburan ngalih kana amal tadi nyaéta ka ‘Tanah Mekah’. Lantaran asal ti dinya waktu ngadeg bumi-langit katut eusina kabéh, ngaranna Ma’unah.
Ari éta nu sok aya ‘susurupanana’ MU’JIZAT ngaranna, sabab sami ngantos bumi-langit katut jeung sakabéh alam.
Ari nu sok ‘ngaririwaan’, éta mah ruh/nyawa nu néangan jalan pibalikeun, tuluy ngalayang upruk-aprak ka mana menerna. Karesepna di nu suni, di nu bala. Ana manggih nu ngaliwat tuluy éta sukma atawa nyawa gancang nyampeurkeun, maksudna hayang dituduhkeun jalan pakeun balik. Ngan kusabab geus béda alam, nanyakeunana sok ku isyarah. Kitu deui sok aya nu nyurup kana jasad sato héwan, ma’lum nu linglung teu nyaho pijalaneun.
Ayeuna cobi manahan kapan urang jeung sakumna kaayaan asal tina ‘Nur Muhammad’ ayeuna sing bisa balik kana ‘Nur Nu Asal’. Alam ogé tangtu kitu teu béda jeung diri urang. Sababna tadi sabakal papada tina ‘Nur Muhammad'.
Ari éta nu sok nyiksa, urang ulah kagét. Lantaran Allah swt. kawasa kabina-bina, bakal nibankeun hukum nu pasti, tara géséh ti gawéna. Margi aya dawuhanana dina Al Qur’an anu unggelna kieu:
“Lamun anjeun migawé hiji rupa pagawéan, boh nu hadé boh nu goréng, sanajan sarua jeung sireum, tangtu éta pagawéan anjeun aya wawalesna. Moal géséh ti nu geur diparigawé ku aranjeun. Kapan Kami téh sipatna Wahdaniyah nyaéta pasti, tara gerak, tara robah. Atuh lamun robah mah lain hukum Kami, tapi hukum nu dijalankeun ku umat Kami” (QS 99:7-8).
Ayeuna ku urang tiasa diemutkeun kantenan pisan. Upami robah-robah tangtu lain pasti, lalamunan atawa coba-coba. Allah swt. lain kitu! Upami nyebat HIJI lain DUA kitu deui sabalikna.
Tah kitu hukum Yang Agung kantun urangna ngémut-ngémut, “di dunya geus melak naon?” Pibekeleun keur balik, boh bisi leuleus di jalan. Naon kabeuki geura prak ti ayeuna. Geura melak kana peujit pakir-miskin. Lantaran éta tampatna pepelakan keur batin. Urus, piara sing hadé, tur teu matak ngarugikeun kana kadaharan keur urang, ieu mah ngan sésémpéran tinimbang jeung mubadir, teu ka ditu teu ka dieu menggah katuangan gaplah, ulah diantep haraseum, anggur pelakkeun deui ka fakir jeung ka miskin, engké tangtu bakal kasampeur jeung ka ala di alam batin.
Nyanggakeun.
Nyanggakeun.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar