0
Kitab Élmu Tasauf Titinggal Jagasatru

Kitab Katilu
Élmu Pilampahan Nu Rek Maot
BAB II - Maot Jeung Rukun Islam

Ari rukun Islam téh apanan ukur aya lima-limana sakumaha baheula basa urang keur budak ogé geus dipapatahan, naon waé atuh? nyaéta:

  1. SYAHADAT, kaitanana jeung PANINGAL, ari pagawéan panon nyangkingan kana syahadat.
  2. SHALAT, kaitanana jeung PANGANGSEU, irung nyangkingan shalat.
  3. ZAKAT, kaitanana jeung PANGRUNGU, jasadna cepil
  4. PUASA, kaitanana jeung PANGRASA/LÉTAH wujudna BAHAM
  5. HAJI, kaitanana jeung SUKMA, nu nyangking sakabéh rasa, éta sajatining sukma nu deuheus ka nu Islamna, éta gawéna nu LIMA geus pasti tara pahili, pada boga cangkingan.
Jalma Islam kudu nyaho ka dirina, kitu ceuk syahadat, teu aya deui Pangéran anging Allah Nu Hiji. Di urangna sing kaharti nu laurna jeung jerona, kotéktak dina salira. Upama urang rék nalungtik néangan nu luarna tangtu aya di antarana. Tapi nu hade mah jerona heula, sabab nu di luar miwarangan deui nu di jero, molahkeun kurungan nu tangtu aya wawakilna. Nu di jero ogé nya kitu ngawakilkeun deui henteu molah ku manéh, tapi ku ATI nu disebut Muhammadiyah.

Dina badan geus rumaket, gumulung jadi hii, raosna daging jeung tulang, digerakkeun, dipolahkeun nya éta ku ati téa. Geura mangga intip, lamun aya salah sahiji pancaindera anu tuna tangtu anu gerak téh ati. Ari nu nyaré’at nyerep jeung kurungan bagéan Muhammadiyah. Tah di dinya coba raraoskeun gerakna ati ka mana léosna?. Luar-jerona sing sidik, mana nu sok ngarawatna. Masing ngarti ka Allah swt. pisah tunggal sing kaharti. Lamun nyaho kana diri, tangtu nyaho ka Islamna. Upama urang teu ngarti, coba taroskeun ka nu geus kasebat Guru pasualan perjalanan batin.

Ari pikiran urang ku anu mana dirawatna? Kieu:

Éta anu sok amarah Ati, di luar-jero geus jongok lawang nu opat ditutup, tuluy gumulung jadi hiji, campur dina Panghuluna nyaéta dina UTEUK (dina rukun nu Kalima). Éta anu ngarawat pikir nu geus deukeut kana Islam. Ari nu di luar mah yakin, nyaéta nu ngaran ‘caang’ nu ngarawat ka sakabéh. Lamun caang kabéh surup, ati jalma kabeh ngampih, sabab layanna geus surup. Nu di urang tangtu ngumpul ngahiji dina tempatna. Lamun keukeuh nu aya di urang nyaring nepi ka bray beurang tara paciweuh pipikiran, raos teunangan, leuleus. Malah ingetan sok ngurangan, dahar teu pati mirasa sabab teu babarengan.

Cobi ayeuna raraoskeun, mana nu ngarawat pikir urang? Upama nuduh kana panon poé, lapur da lain. Ngaku kana panon urang, éta oge salah, da kudu ka nu caang, margi dina kekecapan ‘caang’ kedah ‘yakin’. Di mana ayana éta anu ngarawatan pkiran urang téh?

Saenyana mah deukeut, tapi jauh! Sok patepung tapi tara papangih! Reureujeungan tapi teu ngahiji! Ana tepung di nu suwung. Sabab sanajan panon poé pang bisana disawang mangpaatna ari tepung jeung cahaya nu aya dipanon urang. Kitu deui panon urang, bisa diarah gunana upama tepung jeung cahaya panon poé. Da ana teu tepung mah lapur sok poékeun. Bisana digunakeun téh kudu babarengan. Bisa tepung di nu suwung!

Geura ayeuna raraoskeun, upama nu caang di urang jeung cahaya nu aya di alam Kabir henteu babarengan, éta tangtu salah sahiji pancadria atawa pakakas nu aya di urang sok aya robahna, upamana: dina waktu saré , cobi éta nu saré laan calanana, sanajan nepi kana oratna témbong ogé sigana moal ngarasa éra, lantaran teu babarengan jeung layanna. Kitu deui, upama nu caang di urang nyaring, tapi nu aya di alam Kabir surup atawa pareum, éta oge lapur moal beunang digunakeun, sabab teu babarengan jeung caang nu aya di urang.

Tah nu sok bisa ngampihkeun pikir urang téh nyaéta ku gumulungna nu caang di urang jeung nu caang di alam Kabir: “Bisa tepung di nu suwung!”.

Numatak, urang kudu daék nyaring, nyaéta ngarah milu ka nu caang, napsu tungtut ised-sed sing kabawa ku nu caang, ulah milu ka nu poék. Margi gawéna nu poék sok ngajak salingkuh, ngabohongan kanu caang. Ari gawéna nu salingkuh ngabongohan anu caang, keresepna jeung nu poék. Geura mangga sing kahartos, “Alam padang, poé panjang”.

Ari pihartieunana ‘padang’ nyaéta caang. Ari ‘poé panjang’ nyaéta tanggal ‘opat-welas’. Beurang disambung ku peuting, panon poé surup, diganti ku bulan pada-pada sami caang, jadi caangna panjang, béda ti sasari. Kitu pihartieunana ‘alam padang poé panjang’.

Di urang sok aya babasan “ngabungbang”, ti peuting sok nyegah saré, nu dimaksud nyaéta, hayang milu ka nu caang, lain aleut-aleutan ka kuburan. Tapi sing nyaho gunana ‘nyaring bari babacaan’ tur geus di ilaharkeun ku ulama.

Dawuhan Allah:


Sundana: Jeung dina sabagéan peuting anjeun kudu shalat tahajud minangka hiji ibadah tambahan keur anjeun; pamuga Pangéran anjeun ngangkat anjeun ka tempat anu pinuji. (QS 17:79)

Jeung éta roh upama rek bijil anu tinangtu nyeri heula, tapi lamun kanyerina dipikanyaho sarta dipikawanoh nepi ka wawuh sugan baé aya hampurana ka urang. Ari tarékahna supaya ulah pohara teuing nyerina, urang kudu wanoh jeung ‘nu sok ngarawat kana pikir’. Hijikeun Imanna jeung Islamna sing dalit jeung gumulung. Dalitna antara angin jeung caang. Éta nu sok narik Roh jeung Sukma, anu caricingna di antara “teu napel jeung itu, teu napel jeung ieu”.

Jinis Roh:

  1. ROH NABATI. Padumukan Iman-Islam, pernahna dina UTEUK. Ieu téh nu jadi panghulu ti antara sakabéh Roh. Ari rukun Islam tara cicing sabab jadi Sukma anu muterkeun “nyaring” jeung “sare”, nu percaya ka Allah swt.
  2. ROH JASMANI. Cicingna dina dasar UDEL.
  3. ROH IDOPI. Cicingna dina ATI ngahiji jeung paningal.
  4. ROH NURANI, pernahna dina JAJANTUNG ngahiji jeung pangangseu.
  5. ROH HEWANI, pernahna dina BAYAH, ngahijina jeung pangrungu.
  6. ROH RABANI, pernahna dina PEUJIT ngahiji jeung pangucap.
  7. ROH KUDUS, cicingna “di antara nu teu napel kana badan”. Damelna pulang-anting ka jero jeung ka luar. Ieu tutunggangan anu Islam, teu ngarasa nyeri-peurih, lantaran teu gumulung tea.

Pancén Sawatara Roh

  • Ari Roh Idopi purah ngumpulkeun ‘ingetan’ dikirimkeun kana UTEUK sina ngumpul jadi hiji jeung pagawéan Islam. Kira-kira ana bijil ‘metu ka martabat soca’, tur kabéh sagala pikir jeung ingetan kumpul di dinya. Ari watekna manusa tara eureun mikabingung, mikiran ayana alam naon nu jadi bakalna, kumaha ngayakeunana. Roh Idopi ogé ngahiji jeung Paningal, paningal nu jadi ‘tungtungna Rasa’. Mun rék usik-malik rawuh jeung pikir sakabéh dina badan nu nyaréat mimitina tina panon, sabab irung mah tara nundutan. Kitu deui éta panon upami pikiran pabeulit masih kénéh paburencay sok tara téréh saré da kedah dilalanyahan heula. Pikiran sina lalindeuk sina turut jadi hiji kana puseurna utusan, kakara bisa sirna.
  • Ari Roh Jasmani ngandelna ka Malaikat nu nyangking ‘Pangrasa sakudjur badan’, tapi lamu lawang anu opat nutup ieu roh tara bisa jalan, teu bisaeun usik-malik.
  • Roh Nurani percayana kana Al Qur’an, saban ari roh Nurani mah ngahijina jeung pangangseu didingna dina jajantung. Lir ibarat Nabi Angin kaluar-kajero nu jalanna ngalangkungan pangambung, inarat Muhammadiyah. Nu mantak ngandel ka Qur’an, sabab hayangeun kaangken ku Kangjeng Nabi Muhammad saw, sedengkeun nu kagungan Al Qur’an téh Kangjeng Nabi Muhammad saw,
  • Ayeuna Roh Hewani anu teu percaya kana poé ahir anu ngahijina jeung pangrungu, sabab kitu sok ngabantah, ari éléhna ngan ku maot. Sabab angkeuhanana ngan hayang unggul di dunya kajeun henteu di ahérat.
  • Ari Roh Rabani ngahijina jeung baham atawa pernahna dina peujit. Watekna baham: omong hade, omong goréng, duanana dipilampah. Kitu deui kadaharan nu halal, nu haram, nu makruh, riba nu sok tara karasa, lar-sup asup kana baham, asal nu aya sagala bres. Nu matak sok jadi untung hade goréng kawadahan dina peujit.

Sakitu hubungan Roh jeung awak urang.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top