0
Guru Mursyid

Dawuhan Allah:


Hartina: "Tuluy maranéhna panggih jeung saurang hamba di antara hamba-hamba Kami, anu geus dibéré ku Kami ka manéhna rahmat ti sisi Kami, jeung anu geus diajarkeun ku Kami élmu tii sisi Kami." (QS AL Kahfi, 18:65)

Lamun urang rék diajar hiji élmu pangaweruh tangtu kudu boga hiji guru. Pantar nabi ogé, nyaéta Nabi Musa as. hayang miboga hiji élmu kudu manggihan hiji guru, nya pendak jeung hiji Hamba sakumaha nu ditulis dina ayat di luhur, Hamba anu geus dipaparin élmu ti Allah swt. Ceuk ahli tafsir hamba Allah nu dikamsud dina ieu ayat (guru Mursyid) nyaéta Nabi Khidir, wallohu‘alam.


Ayeuna lamun urang rék diajar kudu manggihan hiji guru anu geus meunang  élmu ti Allah swt. Tah ieu di handap dibabarkeun kriteria salah sahiji jalma nu pantes disebut guru:

I. Kawajiban Guru.

  1. Bangsawan, hartina nyangking kaagungan.
  2. Ulama, ngarti kana satara kitab.
  3. Ahli tapa.
  4. Mujana, nu diselir tina sakabéh ahli kaalusan.
  5. Gunawan, anu pinter tur ngarti ngajalankeun kapinteranana.
  6. Prawira, anu dipisepuh ku para akhli séjénna.
  7. Hartawan, kaya tur jembar manah.
  8. Sufatia, ahli tani tur satia.

Tangtina ieu boga panafsiran anu disaluyukeun jeung kaayaan jaman.

II. Panganggo Guru.

  1. Kudu bisa nulis sakurang-kurangna 3 aksara.
  2. Kudu ngarti kana élmu basa.
  3. Kudu bisa mapantes kaluarna ucapan.
  4. Kudu paham kana élmu Sya’I, bisa mapantes kana kaluarna sora lagu (kasidah dina basa Arabna mah, karawitan ceuk urang Sunda mah).
  5. Sugih ku carita, kaharti ku murid (retorika nu alus).
  6. Sugih ku pangarti, asor hujahna.
  7. Seukeut pikiranana (cerdas)
  8. Jejeg ingetanana. 

III. Angger-Angger Anu Jadi Guru.

  1. Nyaah ka murid.
  2. Rajin dina ngajarna.
  3. Teu ngajeng-ngajeng pangasihan murid.
  4. Cakep kaluarna carita.
  5. Suci tina sagala sangkaan murid.
  6. Henteu ngalucon pananyaan murid.
  7. Teu nyapirakeun patanyaan murid, bener nerangkeunana.
  8. Henteu ngarah pujian atawa ngaluhurkeun manah tina sagala élmuna – jembar manah.

IV. Utamana Nu Jadi Guru.

  1.  Mulus bandana.
  2. Lemah-lembut caritaanana, henteu galak tur bengis.
  3. Mulus dina sagala kalakuanana.
  4.  Tetep teguh akal-budina.
  5. Adil dina nerapkeun hukum-hukumna.
  6. Taliti tina sagala panyawanganana.
  7. Mulus tina sagala tapakna.
  8. Tara sieun meunang sorangan atawa migawé raos ku anjeun.

Nu jadi murid boga kawajiban pikeun nyampurnakeun hirup:

  1. Hadé turunan.
  2. Sabangsa.
  3. Saagama.
  4. Sabasa.
  5. Bisa nulis.
  6. Akil balég.
  7. Séhat.
  8. Teu loba panyela atawa cawadan ka batur.

Upama cicirén sakumaha anu diebutkeun bieu geus cumpon, kakara kawajiban hiji guru jeung pimurideun téa kudu boga WUDHU.

Sakitu ngeunaan criteria Guru Mursyid.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top