Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
Palanggeran Pangkur: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i,
Conto:
Sakur durjana dursila
Pada giris repeh teu wani julig
Rasana tangtu karingkus
Najan kabur diudag
Tara weleh mun tacan datang ka tumpur
Bengis keras ponggawana
Ngajaga ponggawa nagri
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar