0
Kitab Élmu Tasauf Titinggal Jagasatru

Kitab Ka Hiji
Élmu Jasad Manusa

Sabada urang ngabandungan Bab Kajadian Dunya jeung Kajadian Mausa, ayeuna uranng papay Bab anggahota badan nu aya dina jasad Manusa jeung naon sababna disebut hirup? Sababna manusa disebut hirup téh lantaran boga ‘usik jeung malik’: 

- Ningali, 
- Ngareungeu, 
- Ngangseu, 
- Ngarasa, 
- Nyowara.

Jadi manusa hirup téh kaciri pagawéanana ku parabot anggahota jeung pancadriana, di antarana:

- Nyowara ku cangkem, 
- Ngangseu ku Pangambung (irung), 
- Ningali ku panon, 
- Ngarungu ku cepil, 
- Ngarasakeun kadaharan ku létah, ngarasakeun kasar-lemes/peurih-ateul ku kulit.

Jadi upama eta prabot sakuma henteu digarawé, upama cepil molongo tapi teu nguping, panon molotot tapi teu awas, canhkem teu nyowara, irung teu ngambeu, jajantung teu ngempés. Éta jalma tangtu kaayanana teu béda ti bonéka. Hartina paéh. Jadi nyirikeun hayat mah kudu kupagawéan MAJABI.

Ayeuna urang terangkeun hiji-hijina parabot Majabi jeung pagawéanana, supaya urang bisa nyaho kana hirup urang, ulah nepi kana pamuhitan parabot Mujabi, tapi kudu ka Anu Suci jeung lalakona Suci, nyaéta: Alif Lam Lah Ha.
  1. Panon.

    Ieu parabot anu pangapesna ti antara anu lima. Pangna disebut pangapesna nyaéta kusabab pagawéanana ngan sapihak baé ti hareup, sabab panon mah henteu sidik atawa awas ka nu aya di tukangeun, tapi ari jalanna mah sarua jeung nu lian nyaéta ku geteran aether.

    Ari jalanna kieu: sagala rupa wujud anu katinggal ku panon bérésna mah ku Uteuk mencarkeun cahaya. Éta cahaya asup kana lensa, terus ditepungkeun jeung parabot nu liana, Nepi ka ngageterkeun tungtung urat syaraf anu aya dina panon. Lantaran cahaya téh pagawéanana aether anu ngageter, éta urat syaraf jadi ngageter sapanjangna nepi ka muarana, Uteuk téa. Ku geterna urat syaraf dina Uteuk tuluy ngaberebet aya gambar anu katinggal ku panon tadi, jadi nu ngayakinkeun paninggal mah nyaéta Uteuk.

  2. Ceuli.

    Kitu deui sora anu karungu ku ceuli, éta ogé ku alatan geterna aether kénéh anu katarima ku ceuli. Aether ngageterkeun lamad panglampud liang ceuli terus ngageterkeun Palu anu longer antelna kana lamad. Tungtungna éta Palu keuna deui kana urat syaraf pangrungu, terus ngageter nepi ka muarana nyaéta Uteukk. Nya di dinya katetepanana manusa biga rungu sora.

  3. Irung.

    Pangangseu atawa pangambeu ogé nya kitu ku ayana geteran aether tur ngambeuna mah disahkeun ku Uteuk.

  4. Kulit.

    Pangrasa ogé ku ayana geteran aether kénéh anu katampa ku urat syaraf nu minuhan sakuliah kulit jeung bubungkus liana.
Jadi nyata ka urang Panon, Ceuli, Irung, Baham, Kulit bisana nampa pangrasa téh poko n amah ku Uteuk, sabab di dieu angamuarana pancadria. Pantes pisan Uteuk ka anu tuna ngajina sok di puhit jeung dipigusti. Omat urang ulah nepi ka kitu sabab Uteuk moal bisa digawé lamun euweuh Hayat.

Tadi di hareup geus disebutkeun panon parabot nu pangapesna, lantaran teu kawasa ninggal anu aya di tukangeunana upama jirima henteu malik, kitu deui ka gigir, ka luhur jeung ka handap upama teu ngarobah jirimna. Jadi ana kitu tanagana panon mah ngan saukur kana adep-adepan baé, tur kudu aya dina kaayaan anu caang, ulah aya di nu poék.

Tapi sanajan kitu kakuatan panon bisa ngagambarkeun anu katinggal téa, ieu geus ngajadikeun hiji aahéngan. Kitu sababna sok aya jalma nu muhit kana panon kusabab panon téh kaasup ogé jadi pagelaran cahaya.

Tanaga pangrungu (Ceuli) kawasana leuwih tip panon, Sabab tara nanya ka anu di tukang atawa di gigir, kitu deui di luhur jeung di handap, sumawonna nu di hareup. Kitu deui ceuli mah tara tampikan, boh poék atawa caang, sarua jeung harkatna Pangambung (irung). Tapi sanajan kitu éta pancadria teu meunang dipuhit sabab digawéna teu kawasa sorangan, hartina kudu dibatuan ku nu liana. Buktina: anu ninggal, ngarungu, ngangseu jeung ngarasa saenyana mah Uteuk. Sakali deui urang teu meunang muhit kana Uteuk sabab uteuk  gé masih ka purba ku Hirup (Hayat). Kusabab tepungna jeung Uteuk ka jalan getih anu dikompa ku Jajantung atawa Ati Fu’ad. Kitu deui Jajantung ogé ulah dipuhit, sabab kompa anu digeterkeun ku geteran aether téa. Kitu deui poma ulah muhit kana Jajantung, malah sabagéan jalma aya nu teu werat nyebut jajantaung tapi “Kembang Cau”, ieu hiji urussan anu kacida tunana.

Ana kitu jol tujuan ku angkeuhan “Kumpulkeun baé kabéhanana”, jadi nu dipuhit téh MANUSA HAKIKI, nyaéta MIM HA MIM DAL, ieu oge salah kénéh, sabab sarua jeung muhit kana Rasa, nyatana kana badan bukti ADAM.

Aya deui anu muhit kana panyambungan ti Bapa jeung ti Indung, nyaéta nu disebut: MANI-MADI-WADI- MANINGKEM, gelarna Pangéran ka Indung Bapa, pokna : BAPA BATIN – INDUNG BATIN, beuki komo salahna!

Sabab pabéntar pisan jeung patokan yén Allah ngan HIJI, kari-kari ayeuna jadi DUA nyaéta IBU-RAMA. Atawa ADAM-HAWA. Omat nu diajar jeung ngaji Tarékat  ulah nepi ka kitu, sumarambat nyieun panutan atawa patokan anu apes.

Saterusna : “Anu mana atuh anu SAH sarta kudu dipilampah?

Ieu babaran boga jalan sorangan, nyaéta mimitina kudu TAHKIK heula kana Surat Al Ikhlas (QS 112).


Sababna éta téh ngandung élmu Allah. Tambahan deui ku Surat AL Fatihah anu mangrupakeun ‘umul Qur’an, ogé nu boga lalandihan “Maklumat”.

Sok geura ulik sing husu éta dua surat insya Allah urang bakal tajali kana dalil ALIF LAM LAM HA.

- Ditulis deui ku Ki Jagasatru VI.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top