Kitab Élmu Tasauf Titinggal Jagasatru
Kitab Kadua
BAB II - Élmu Kajadian Manusa
Dawuhan Allah: “Ma asolakum min hasanati faminallah. Wa maa asolakum min syayiatin famin nafsik”
Geus kacaturkeun yén Adam nyaré’atna ku dosa, boga angkeuhan “ieu aing bisa ngajadikeun”, malah disebutna ogé ABUL BASYAR. Kitu deui Hawa, kénging lalandian jadi UMUL BASYAR. Henteu di angen-angen, yén loba pagawéan anu gampang tapi teu jadi buah kajembaran. Geuning ayeuna ogé loba pisan anu pupunjung-pupuja hayang boga anak tapi henteu baé. Malah anu jadi téa mah anu henteu dimaksud-maksud acan, kadang kala nu dipigawéna, dijero lali.
Di dieu nétélakeun, yén Adam aya nu ngawengku: “KU PERBAWA KAWI”. Yakin deui, yén Sir-na buktina ku boga hayang tadi. Henteu kuat, sabab kalapud ku dosa, jadi nyaréat, boga kurungan badag.
Kusabab Adam nekanan dosa, tuluy nyaréat, katibanan hukum, jadi kakuatanana ngajadikeun ogé kudu nyaréat, hartina kudu ikhtiar akal tarékat, nyatana ku pagawéan anu lumrah.
Kamari geus dibabarkeun yén bangsa nu badag mah asalna tina af’al, nyaéta tina sipat pagawéan. Jadi sagala rupa karepna ogé kdu ku af’al, atawa pagawéan anu af’alna dimimitian ku lapad "Bismillahirrahmanirrahiim".
Ieu ucapan anu ngalakonan nyaréat, rumasa yén Adam-na mah teu daya teu upaya. Anging kudu dibarengan ku kakuatan jeung perbawa ajali. Malah ku para wali mah ieu dalil Bismillah téh keur tambahan ku kekecapan anu kieu unina:
“Bisroh kot, malrohkot,
Alloh Anu misrikot,
Roh anu asup kana jirim,
Rahim anu manjing kana Roh,
Roh sapatemu ning Dat Alloh”.
Dawuhan Allah: Mangkana manusa kudu nangenan tina naon manéhanana dijieun. Manéhna diciptakeun tina cai nu dipancerkeun, anu kaluar tina antara tulang cangkéng lalaki jeung tulang iga awéwé. (QS. ATh Thaariq, 86:5-7)
Nu kaunggel dina kitab Ikhbadul Ibad dicarioskeun: Allah swt. Badé midamel manusa pameget istri, teras nyampur nuturkeun hukumna sareng dibantu ku hikmatna. Cimani anu murag tina Sulbi pameget kana rahim istri, engké di dinya tepung binih sareng binih. Ari dina cimani nu bijil ti lalaki téa aya mangrebu-rebu bibit pimanusaeun. Lembutna lir ibarat rambut dibeulah opat. Wujudna panjang siga cacing keremi anu obahna ngageleper, yakin ieu geus kaeusian ku Hayat.
Menggah dina cai mani istri éta binih téh baruleud lonjong siga endog. Nya kitu deui lembut leuwih ti lembut. Tapi henteu motah saperti binih ti pameget; ieu mah ngan ukur ngagulusur, ayem baé.
Kusabab binih di mani gerakna ngageter, tabé’atna obah ngageleper tur tarik dipancerkeunana. Éta binih-binih téh ngarayap ka jero pianakan istri, néangan pilwaneunana anu geus aya salebet éta pianakan. Ieu dua binih kamanusaan henteu jadi ku sagawayah tepung. Sabab dina endog binih di istri téh aya hiji cungap. Upama amprokna henteu milebahan éta cungap téa, sama sakali moal bisa aya kajadian.
Kusabab kitu tina éta binih anu mangrebu-rebu téa geus kasebat mulus lamun aya hiji baé anu bener amprokna. Ari kajadian éta binih pimanusaeun téh, henteu béda ti kaayaan endog sasatoan, Upama dicuculan cangkangna anu teuas jeung lamadna, tinggal bobodasna ngalampudan beubeureumna. Beubeureumna dina endog téa, éta mata holang dina endog bibit manusa. Tapi di dieu mah henteu siga pulas beureum, hideung, konéng, héjo, estu hérang anu ngagenclang baé.
Sabada binih ti pameget nyeceb kana endog ti istri sajeroning pianakan, terus éta mata holang binih ti istri téa nyeuseup binih ti pameget dongkap ka ambles kabéh, terus ngaduk jadi hiji. Ti dieu datang perbawa éta binih, bisa mencar-mencarkeun sel jadi mangjuta-juta sajeroning kurunganana; nepi ka opat puluh poé lilana éta ‘adonan’ henteu eureun-eureun mencarkeun jeung henteu béda wujudna tina anu hérang téa. Katelahna eta wujud “zutfah”.
Terus éta zutfah jadi getih kentel, lilana opat puluh poé deui. Jeung henteu petot-petot mencarkeun kakuatan. Waktu jadi getih kentel ngaranna “Alakah” nu geus mawa Piirungeun, Pipanoneun jeung Pilambeyeun.
Opat puluh poé jadi gentih kentel, nya terus jadi daging sarta asmana salin jadi "Mutfah". Nya bijil ceuli jeung liangna; malah nu ngaliputan jadi kulit. Mata holang anu asal tadi jadi Jajantung jeung nampa geteran aether; terus digawé nyeuseup lir kompa. Jadi ieu ngompa getih sina nyaliara ka sakuliah buleudanana.
Dawuhan Allah: Jeung satemenna Kami geus nyiptakeun manusa tina saripati (asalna) tina taneuh. Tuluy Kami jadikeun saripati éta cai mani (anu disimpen) di jero tempat anu tohaga (rahim). Tuluy cai mani éta Kami jadikeun getih kentel, terus getih kentel ieu Kami jadikeun sagundukan daging, jeung sagundukan daging ieu Kami jadikeun tulang-taléng, tuluy tulang-taléng ieu Kami bungkus ku daging. Tuluy Kami jadikeun manéhna mahluk anu (wujudna) séjén. Mangka Maha Suci Allah, Nu Nyipta Nu Paling Hadé. (QA Al Muminuun 23 : 12-14)
Ayeuna éta pimanusaeun téh kudu barang dahar, henteu cara tadi éstu hirup ku Hayat wungkul. Ari jalanna kadahareun téa ngaliwatan tali ari-ari anu nyambungkeun udelna kana Bali, minangka akar rapet nyeuseup kana dingding pianakan biangna. Sabab kadaharanana ka éta pamanusaeun téh dianteurken ku getih biangna mapay tali ari-ari.
Saterusna éta bayi tulangan, uratan, nyaéta urat Roh jeung urat Syaraf, ngan éta urat Rasa anu kaluarna tina Uteuk sirah palebah tukang mapay sungsum tulang tonggong, terus mencar, nyaliara ngarancabang nepi ka pinuh sakuliah bungkeuleukan. Tungtungna tina sakabéh urat pada ngancik dina kulit. Ari urat getih mah bijilna tina Jajantung beulah kénca, nyaéta tina “Fu’ad”; terus mencar minuhan sakuliah daging; engké ngumpul deui jadi hiji kuluwung, balik deui kana Jajantung, jalanna ka beulah katuhu. Terus kana kamar jajantung anu handap, bijil deui kana Bayah. Sabada disaring jeung dibeuleum ku hawa ambekan dina Bayah, asup deui kana Jajantung beulah kénca rék diperes deui sina nyaksrak ka saluar awak. Kitu deui jalanna getih Saumur-umur kukurilingan nepi ka sakujur awak ari can nepi ka waktuna balik mah.
Ari ‘pabrikna’ getih téh nyaéta Kalilipa. Ari napas mah jalanna ti lawang panyambung hawa (oxigen) lebet ka jero mapay kuluwung hawa anu ngaréndéng jeung genggerong, terus kana Bayah ngeusian sakumna kekempis hawa, datang ka rembung antel jeung getih anu kaluar tina kamar Fu’ad palebah katuhu. Terus éta getih diduruk ku oksigen supaya beresih deui. Getih balik deui ka Jajantung. Hawa ayeuna jadi kotor sabab saolah-olah geus kaeusian ku rupa-rupa racun anu ngotoran getih. Balik deui kana irung, bijil jadi hawa.
Ari perjalanan Rasa mah béda deui, urat syaraf nu geus nyaliara sakujur kulit, henteu ngumpul deui jadi hiji balik ka asalna deui. Tapi tetep baé kitu. Ari aya nu kudu dirasakeun, nyaéta kulit kaoyagkeun ku naon baé, éta urat syaraf terus ngageter nepi ka Puseurna pisan, nyaéta Uteuk. Terus éta Uteuk ngageter deui, ku ieu geteran urat syaraf bakal ngarasakeun nyeri, peurih, panas, tiis jeung sajabana. Nyata ari nu ngarasakeun mah Uteuk saperti: Paninggal, Pangangseu, Pangrungu, Pangrasa, éta sadayana padamelan Uteuk. Engké ka hareup urang bahas dina pamuhitan ‘jalma anu ulah’.
Diunggelkeun ku para pakar dina kitab “Tasreh”: Hak Nu Maha Suci ngajadikeun anggahota manusa téh tina sababaraha jinis tulang, urat, daging jeung nu lianna. Di dinya disebutkeun yén sirah téh kumpulan sakitu tulang, nu disebut KUBAH. Pangambung sareng garis Budi sakitu tulang; wawadah Akal sakitu tulang; sakumna ditelek pisan bilanganana ku Akal. Dicaritakeun sotéh lain rék ngukuhkeun bilanganana, tapi rék nerangkeun yén éta bilangan téh tafsirkeuneun deui, supaya kapanggih rusiahna. Kitu deui rék nerangkeun yén rarangkén jasmani téh mangratus-ratus anu séwang-séwang boga perbawa jeung kakuatan sorangan. Tapi pikeun lalakon kamanusaan mah euweuh hiji bagéan anu bisa meta nyorangan, kudu baé sili injeuman tanaga jeung babaturanana. Tuladanana bilangan aya hartina jeung panyambunganana, kieu:
A. Getih
Ceuk Kitab ‘Tasreh’ bilangan Getih téh nyaéta TÉTÉS, beuratna disebut MISKOL atawa sakulak satengah (kulak ukuran fitrah). Ari rupana getih aya opat:
- Getih Bodas.
- Getih Konéng.
- Getih Beureum.
- Getih Hideung.
B. Daging
Ari beuratna Daging aya dua puluh dalapan (28) kati. Kati ngaran anu pasti sarta geus disahkeun ku para Ulama, Ari rupana daging aya opat:
- Daging Bodas.
- Daging Konéng.
- Daging Beureum.
- Daging Hideung.
C. Bulu
Ari jumlahna Bulu aya 189,897 lambar.
D. Kulit
Rubakna kulit panjangna 5 kaki (feet), pongpokna 3 kaki (feet).
E. Tulang
Jumlah tulang aya 224. Rupana tulang aya opat:
- Tulang Bodas.
- Tulang Konéng.
- Tulang Beureum.
- Tulang Hideung.
F. Urat
Jumlah urat aya 194. Rupana aya opat:
- Urat Bodas.
- Urat Konéng.
- Urat Beureum.
- Urat Hideung.
G. Jeroan
Jumlah jeroan aya tujuh rupa:
- Ati Ngen, makamna Ati Sir
- Jajantung, makamna Ati Sanubari
- Bayah, makamna Ati Jinem
- Kalilipa
- Ginjel (Kabungbuahan)
- Hamperu
- Peujit
Jajantung jeung Bayah ayana dina lebah gigir kénca sahandapeun susu kénca. Kalilipa makamna Ati Fu’ad, ayana dina lebah susu kénca. Ari Kabungbuahan Ati (ginjel). Budi jeung Ati hangawi, ayana dina palenah beulahan Dada, ari nu hiji deui ayana dina lebah susu katuhu.
Ari peujit makamna kadaharan, panjangna peujit 18 jeungkal, Buah Cai 5 jeungkal, Buah kadaharan lian ti cai 9 jeungkal, Buah panarik ambekan 4 jeungkal. Ari nu kebat kana Jubur tungtungna 9 jeungkal. Ari nu lepas kana Kubul tungtungna 5 jeungkal. Kaluhurna mah sajalan baé. Tapi anu keur panarik ambekan boga dua jalan, ka luhurna anu terus kana Sungut jeung kana Irung. Ari nu kana Sungut nyaéta ambekan anu mawa rasa jeung ngadatangkeun rasa. Ari nu kana Sirah nyaéta ambekan anu mawa rasa Ambeu sarta ngadatangkeun rasa Ambeu jeung mawa rasa Tingali sarta ngadatangkeun rasa Tingali, jeung nu mawa rasa Dangu sarta ngadatangkeun rasa Dangu. Jeung nu mawa rasa Saré sarta ngadatangkeun rasa sanggeusna Saré.
Ari kahandapna mah kana dua palawangan atawa kana suku, éta geus kakurung ku rasa nu ka luhur ka nu jalan dua téa. Naha enya kitu?
Éstu pisan! Upama urang henteu muhit kana bilangan salancar. Gaibna mah siloka getih téh enggon Hayat anu jadi lantaran sagala rupa parabot manusa digawé. Bilangan lima (5) nerangeun asal gaibna tina lima sipat, anasir Seuneu, Cai, Angin, Bumi jeung Sir. Terus nyaréat bilangan tujuh (7), ditambah ku Badan badag jeung Pagawéan badag, ana balikna kana enol (0) hartina Hajrul Hayat, nyaéta Alam.
Gelarna Lima anu asalna ti jero beuteung, béntangna ‘Mustari’, poéna ‘Kemis’, ciri wancina Udel. Terus Tujuh, nyaéta lampah, béntangna ‘Juhal’, poéna Saptu, ciri wancina Suku anu lonyob kana laku lampah kahéwanan, embung mawa kana kahadéan lamun henteu dipaksa. Balikna deui engké kana enol, nyatana Hajrul Hayat. Dalilna dina Al Qur’an surat Al An’am ayat 37, unggelna kieu:
Jeung sasatoan nu aya di bumi jeung sarupaning mamanukan nu hiber ku dua jangjangna, taya lian (anging) umat (ogé) siga anjeun. Moal kami popohokeun saeutik ogé dina Al-Kitab, tuluy maranéhanana bakal dikumpulkeun ka Pangéranna. (QS 6:38)
Ku ieu dalil geus disebutkeun balikna sakumna umat, nya ka tempat anu lumrah. Silokana ku angka enol (0). Kitu deui poé jeung lintang kumna bakal balik deui ka asalna.
Tadi geus diteangkeun yén manusa téh hirupna kudu ‘silih injeuman tanaga’. Urang kiaskeun baé ku barang bukti. Ki Dadap can nyaho kana rupana goong, ukur nyaho ngaranna béja ti batur. Jadi ana kitu Ki Dadap ngélmuna élmu Béja, Imanna iman Béja. ‘Gung’ aya sora ti kajauhan, kadéngé ku Ki Dadap, cék pikiranana, béjana nu kitu téh sora goong. Ki Dadap ayeuna hayang tétéla di rupana. Tah geuning ki Dadap téh boga kapanasaran, henteu cukup ku dangu atawa katiginan haténa. Ku saksi ceulina wungkul. Da panonna ogé hayangeun sidik. Panonna moal bisaeun sidik upama teu ngahiras tanagana suku sina leumpang. Suku ayeuna leumpang nepi ka tempat goong. Sadatangna, teu aya panakol goong, tapi keukeuh danguna hayang sidik deui kana sorana. Nya tuluy ngahiras tanaga leungeun, sina nakol éta goong. Sanggeus goong disada kakara Imanna pageuh. Ayeuna panonna tuluy ngarérét kana kendang. Bakating ku hayang disik kana sorana nya tuluy ngahiras deui kana leungeunna. Tah ayeuna Ki Dadap kakara yakin, élmuna jeung imanna ogé ayeuna mah jadi pengkuh, sabab lain béja.
Ku ieu kias nyata ayeuna ka urang yén rék ma’ripat téh geuning sakumna bagéan badan téh kudu ubyag pada arusik silih injeuman tanaga jeung kakuatan, Upama peperencilan mah moal datang kana ma’ripat. Kitu deui peta ma’ripat téh nyaéta dekna panakol dicekel ku leungeun ditakolkeun kna goong téa; disaksi ku sakumna pancadria jeung ku sipat-sipat anggahota nu séjén. Upama henteu kitu nya Ki Dadap tetep dina sagala rupa ngalap cukup ku béja wungkul. Nyasat manjing kana dalil kieu: Laa haola walaquwwata illa billahil aliyyul adiim.
Kanyataan sangsara hirup jero tugenah baé, midangdam Alloh, Allloheun, ku béja batur anu teu bisa ngayakinkeun.
Yakin kana sagala rupa nu aya di manusa téh henteu salah deui sakabéhna: Hikmat, Mangpaat, Hasiat jeung Paédah, Kitu deui pada béda-éda perbawana jeung kakuatanana, nyaéta aya nu cicing aya nu obah, aya nu panas aya nu tiis, aya nu baseuh aya nu tuhur jeung sajabana.
Upama anu Panas ngéléhkeun anu Tiis atawa anu baseuh ngéléhkeun nu tuhur atawa ngeuwah-ngeuwah anu cicing, éta kajadianana salah timbangan jeung géséh patandingan di jero awak urang, tuluyna jadi panyakit, atawa ngadatangkeun bakat goréng, ngalajur napsu ngumbar amarah, henteu aya bédana jeung tabéat sato atawa jirim anu kurang sampurna.
Dawuhan Allah:
Jeung satemenna Kami ngajadieuan naraka (Jahannam) lolobana ttina jinis jin jeung manusa, maranéhanana boga haté, tapi teu digunakeun keur ngartikeun (ayat-ayat Allah) jeung maranéhanana boga panon (tapi) teu digunakeun ker ninggali (tanda-tanda kakawadaan Allah), jeung maranéhanana boga ceuli (tapi) teu digunakeun keur ngadéngékeun (ayat-ayat Allah). Maranéhanana kawas ingon-ingon, malahan maranéhanana leuwih sasab. Maranéhanana jalma-jalma nu talangké. (QS Al A’raaf, 7:179).
Kitu manusa digelarkeun ka Alam Dunya henteu samata-mata, tapi aya maksudna, dawuhan Allah:
Jeung Kami henteu nyiptakeun jin jeung manusia lian ti supaya maranéhna ngabdi ka Kaula. (QS 51: 56).
Tah geuning pancén manusa téh kudu ngukuhkeun sarta totomplokan kana kapercayaan ka Allah swt. Tapi sanajan geus dibéré pancén kitu ogé masih loba anu dholim jeung sambéwara, nepi ka poho pisan kana kawajiban ngurus amanat Allah swt. Ku kecap “liya’buduun” diterangkeun deui, kudu deuheus ka Allah swt. Jadi wawakil-Na dina nata jeung ngeuyeuk Dunya.
Dawuhan Allah: “Ma asobaka min hasanatin faminallah, wamaasobaka min sayiatin nafsik”. Bener pisan éta téh geus jadi dadasarna manusa. Pan tadi ogé di luhur geus dipopoyankeun, yén dunya badag mah enggon papaséaan wungkul. Nyasat teu eureun-eureun sabil sabab asalna ogé tina jinis-jinis anu teu daékeun rapih jeung piri umpina. Tapi éta téh aya nu manco nyaéta Sir, nu matak ieu Sir kudu kuat supaya nanjung dina mimbar pangheuyeukanana ka para ponggawa anu opat, sina alus sina rapih tina pacéngkadan anu opat.
Timbul baé rupa-rupa Roh anu ngandung perbawa jeung kakuatan séwang-séwang, nyaéta:
- Roh Rabani
- Roh Idopi
- Roh Rohani
- Roh Jasmani
- Roh Hewani
- Roh Nabati
- Roh Kudud anu asal ti ka-Sucian.
Terusna kasélér-sélér ngan nepi ka jadi saksi wungkul, henteu digunakeun keur ngeuyeuk ngajeujeuhkeun. Sabab Roh-roh ngan pabéntar baé, teu daékeun lulus dina enggoning ngajalankeun pagawéanana. Samangsa-mangsa ngancik dina kagoréngan, tinangtu bakal jadi kotor, balukarna kakuatan Roh anu hadé jadi apes. Nyatana hirup jadi sangsara, pinuh kanyeri, kabingung, kasusah jeung rupa-rupa deui.
Urang ngalap conto, ti orok gubrag medal ka Alam Lahir, teu usaha teu naon-naon, malah pancadriana ogé teu acan bisa digawé. Rohna masih beresih, hartina masih Kudus masih kuat tur bedas. Geuning loba nu asih, murudul rejekina bari teu kalawan disiar, sarta ka orok mah tara aya anu cua. Kitu watekna Roh Kudus, upama teu kaéléhkeun pangaruhna ku Roh-roh anu séjén.
Lila-lila si orok ngagedéan, nungtut kakuatanana tarémbong, parabotna mimiti digarawé, nepi ka balég, sampurna anggahotana.
Sabab dina milampah kadéwasaan manéhna loba milampah nu goréng, kayaning bohong, salingkuh, ambek ka pada babaturan jeung sajabana, harita geus témbong balukarna. Rizkina ngurangan jeung loba kanyeri, loba kasusah. Mingkin gedé leuwih kotor, nepi ka nyiar rizki ogé kudu banting tulang dug nyuuh pet nyawa. Terusna aral subaha, lampah ngabobodo manéh atawa dholim ka diri batur.
Lamun manusa geus kitu tandaning Kudusna nu apes. Rohani, Idopi empés-empésan, Roh Jasmani jeung Roh Hewani anu tatanding. Nimbulkeun talajak héwan. Terusna nirca kalakuanana, terus nepi kana tabéat iblis. Karesepna sarakah, keukeureuweut kana hak batur, hayang ngarampas atawa mergasa. Henteu diingetkeun yén rizki téh datangna kudu resmi, sah ti papada mahluk, moal murag ti awang-awang. Kitu sarsilahna!
Dina badan manusa asalna Roh sadayana sarua timbanganana, henteu aya nu beurat sabeulah. Lampahna éta jalma loba kana kagoréngan, ngarugikeun kana timbangan Roh anu hadé. Nya ana tuluy goréngna Roh nu hadé mah nepi ka éléh hujah jeung tanagana. Sabalikna upama ngagugulung kahadéan anu goréng bakal jadi hampang. Upama Roh Héwani ngagedéan dibarengan ku teu ngangen-ngangen kana Rohani jeung Rabani éta manusa tungtungna jadi iblis.
Pasualanana mana anu hadé? Naha ngagugulung Robani jeung Kudus wungkul, engké Jasmani, Héwani, Nabati bakal pareum. Ana pareum éta manusa kudu baé teu hayang dahar-paké, poho ka anak pamajikan, sarua jeung nyangsara ka badan anu jadi amanat manéhna. Éta téh jadi dosa, moal luyu jeung pangaturan Islam.
Ari nu hade keur urang. Anu resep kénéh campur-gaul jeung batur, hirup kudu bisa dahar-paké. Jadi hadéna mah sakumna Roh kudu sarua timbanganana. Ka ditu ka dieu urang logor, balukarna hirup lulus jeung ibadahna, tur dipikaasih ku sakumna mahluk.
Kumaha atuh supaya éta Roh-roh sarua timbanganana, singgetna kieu: “Kudu Shalat jeung Shaum. Ulah poho kana tujuan Sahadat, supaya Kudus tetep langgeng perbawana jeung kakuatanana ngeuyeuk, ngawengku Roh nu séjénna, ulah aya nu unggul sawaréh”
Nyanggakeun, mung sakieu nu tiasa dipikahatur, Insya Allah atuh enjing urang tuluykeun deui.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar