Kitab Élmu Tasauf Titinggal Jagasatru
Kitab Kadua
BAB I - Élmu Kajadian Alam
Dawuhan Allah: “Sumastawa illassama-i wahiya duchaan”
Ari dunya téa miwah nu gelar, jadi upama urang rék nyukcruk Élmu Kajadian, utamana dimimitian ku ‘kajadian dunya heula’. Nyaéta ku lalakon dunya tina gaib nepi ka kanyaré’atna, nyaéta ku bukti. Sabab moal kurang aya pananyaan: “Naon ari mimitina dunya?” atanapi “Jeung naon nu aya saméméhna aya bumi jeung langit?”
Dawuhan Allah: Lajeng Anjeunna ngajugjug kana nyiptakeun langit tur langit téh masih ngarupakeun haseup,……." (QS Fushshilat, 41:11)
Tah ieu di handap dicoba ngabahas kateranganana.
Menggah nu jadi kawit alam katut eusina, nu teu meunang dikira-kira ku mamanahan, sabab aya hiji musabab nu ngatur nu ditetepkeun ku undang-undang alam.
Éta ‘dzat’ geus ngandung pinten-pinten ‘perbawa’ jeung kakuatan anu bakatna ‘panas’. Tapi masih kénéh ‘rengrem-reureuh’, tacan metakeun pagawéan. Hartina éta dzat geus ngandung ‘perbawa’ jeung ‘kakuatan’, yén kitu kuduna! Tingali bae endog hayam, pék medal ti hayam, geus papisah tina badan biangna. Di jero éta endog téh ngan aya bobodasna jeung kokonéngna wungkul. Ti dinya éta endog dihaneutkeun ku panyileungleuman biangna. Terus jadi pitik. Tinggali ayeuna pasésaan endog téa, yakin ku urang anu jadi hayam téh nyaéta bobodasna jeung kokonéngna; sabab cangkang jeung lamadna mah masih bukti aya wujudna angger kitu kéneh.
Hayu ayeuna urang papay dina wujud anak hayam, geuning aya wujud bulu, tulang, pamatuk jeung kuku. Éta sakumna wujud teuas, sedengkeun tadi mah keur di jero endog kénéh teu aya wujud nu tareuas. Nu aya ngan bobodasna jeung kokonéngna. Coba ti mana jolna éta tulang, panatuk, kuku, bulu anak hayam téh? Upama lain ‘perbawana pribadi’ medal tina ‘kakuatan sorangan’. Kana kaayaan tulang, bulu, pamatuk, kuku jeung sajabana jarang aya nu panasaran kana kajadianana.
Kitu deui kana dzat pibakaleun dunya jeung eusina. Dina soal ieu urang kacida tingaleunana, aya kecap teu kudu loba teuing kapanasaran, ceuk nu ngedul. Éta dzat pibakaleun téh bukti, matuh dalit jeung alamna, tur jembar henteu kakurung ku waktu jeung wates. Lantaran éta dzat jeung alamna teu acan metakeun pagawéanana, perbawana ‘tiis’ jeng ‘poék-mongkléng’, henteu remeng-remeng acan.
Ceuk ahli élmu alam, Éta alam disebutna “Alam Ama”, jeung dzat anu minuhan éta Alam Poék atawa Alam Ama disebutna “DU”.
Tadi geus diterangkeun yén éta DU atawa Dzat jeung Alam Ama téa dalit ngahiji atawa gumulung henteu papisah atawa aing-aingan, sumawonna maké aya antarana, hartina: GUMULUNG!.
Dzat anu ngandung rupa-rupa perbawa jeung kakuatan téa, ‘reureuh salebeting reureuh’ pagawéanana ‘cicing nu anteng’, matak perbawana poék. Jadi dina alam anu tanpa wates-wangen tadi sanajan teu katinggali ku sing saha nu rék nganyahokeun kajaba ti Allah swt., éta téh geus aya "fa’al”, nyaéta DU, anu teu bisa di kira-kira wujud jeung sipatna; kitu deui af’alna. Nyaéta reureuh nu sipatna poék jeung tiis. Ari dzat DU téa perbawana panas.
Di palebah dieu geus aya dua sipat, nyaéta ‘panas’ jeung ‘tiis’, anu teu sarua kaayanana, teu bisa hanteu basa Arabna: “ismalat jadabeh asmal astadab” ceuk basa ilmiahna mah atawa basa Kimia “korabat so’aharat ‘alakoh hasyabah” nyaéta kakuatan anu silih tarik kusabab hayang ngahiji.
Ku sabab ayeuna datang BAKAT, jeung DU tadi ngandung ‘perbawa’ jeung ‘kakuatan’ éta dzat henteu "tetep dina reureuh" , tapi ‘lilir’, anu tadina ‘cicing’ diganti ku ‘nyeuseup jeng meres’, ibarat dina barang nu wujud mah KEMBUNG – KEMPÉS.
Silokana: ‘hayat ngariut jeung beukah’. Ti dieu DU téh jadi GAIB, nu disebutna HU.
Kusabab geus robah tina reureuh jandi gerak jeung kakuatan bakatna tadi tambah rongkah, nya jadi kakuatan KHOLAB, terus jadi kajadian IDTIRAB. Kusabab ayeuna geus jadi kakuatan KHOLAB, nyaéta bakat panasna Dzat HU. Waktu gaib tambah nyambirat sipat poék atawa nu tiis kapanasan, terus “nguap” jadi jinis anu ‘lemes’. Disebutn KOKABI, nyaliara minuhan Alam Ama. Di ahir jadi wates Paninggal, hartina panghalang katutasna Paninggal, ilahar ku urang ayeuna disebutna LANGIT. Ngan harita alam masih kénéh poék, tah dina Al Qur’an ieu disebutna “dukhaan”.
Dawuhan Allah: “Jeung Anjeuna nyiptakeun di bumi éta gunung-gunung anu tohaga di luhurna. Anjeuna ngabarokahan sareng Anjeunna nangtoskeun kadar katuangan (panghuni)na dina jero opat mangsa. (Pangjawab) keur jalma-jalma nu nanyakeun’. (QS Fushshilat - 41:10).
Kecap ‘dukhaan’ loba nu napsirkeun, aya nu nyebut ‘poék’, aya nu nyebur ‘haseup’. Tapi sajaba ti haseup ogé sarua ‘poék’ kénéh baé. Ceuk ulama Alza Muchsori, ahli tafsir kieu:
“Éta haseup téh nguap tina cai, nyaéta bakat tiisna, poék téa anu jadi dasar Tahta Pangéran. Nyerebung ka luhur, engké di ahir upama geus tuhur bakal jadi bumi. Uap anu nyerebung téa jadi langit”
Dawuhan Allah: “Wasi’a kursiyyuhush samaawati wal ard…..” “kursi Pangéran téh lega ngaliputan Langit jeung Bumi ….” (QS Al Baqarah – 2: 255)
Kusabab HU teu weléh-weléh ngedalkeun perbawa jeung kakuatanana, anu tadi geus disebutkeun, dalit ngahiji jeung Alamna. Komo ayeuna alam geus dieusi ku dzat anu lemes jeung geus miboga kakuatan “mahnetisme” tina HU terus gelar Dzat deui anu baris jadi wawadah “cahaya di ahir”, nyaéta SIR.
SIR ieu anu ngeusian rupa-rupa jinis Dunya, sajabana dunya badag geus jejel pinuh ku rupa-rupa jirim jeung wujud. Éta Sir rata eusina anu lowong jeung nu teu lowong. Hartina: kilangbara lolongkrang-lolongkrang dunya, menggah manusa, batu, kai, cai, seuneu jeung sajabana ti éta sapuratina kaeusian ku Sir ieu.
Ari Sir ieu jadi wawadah kauatan jeung perbawa Hayat Dunya, dina saanggeusna ngajadi Maqom Cahaya. Tapi waktu jaman dalil HU kénéh, ieu Sir tacan kaanjingan ku cahaya. Sabab sagala kajadian masih kénéh tacan aya pagawéanana anu tetep, ukur mencarkeun perbawa wungkul. Ogé ka Sir can aya sabab anu ngagerakkeun. Kusabab HU téa loba perbawana jeung kakuatanana, henteu weléh-weléh mencarkeun perbawa jeung kakuatanana. Tapi ayeuna mah rada pered sabab kapager ku Sir anu ngeusian sakuliah Alam. Kitu deui sabab geus aya kakuatan “mahnitisme”. Jadi sakumna nu geus gelar ngarubung katarik ku HU. Kawuwuh deui ieu naktu GAIB, teu weléh-weléh ngariung jeung BAKAT. Nya gelar kakuatan tanaga “listrik”, basa Arabna KAHRAB, nyaéta anu mereketengtengkeun HU. Hu sateruna muncrat kalawan muni, nya bray baé CAHAYA anu jadi pangeusi Sir. Ieu Sir kaasupan Cahaya jeung tanaga listrik, terus ngageter nu teu eureun-eureun, sahingga tacan nepa kana waktuna deui tina bakat tiis, poék tadi ku KAHRAB jeung IDTIRAB jeung kaasupan ku Sir, dieusian ku Cahaya, jebul bae anasir CAI. Geus puguh ku munculna HU, jadi Cahaya pasti gelar anasir SEUNEU.
Datang ka dieu HU geus ngalakonan tina poék jadi caang, nyaéta tina reureuh jadi digawé, nya ganti jadi Dalil Allah anu unggelna kieu: “Allohu nurus samawaati wal ard….” “ Allah téh (Nu Masihan) cahaya (ka) langit jeung bumi". (QS Nuur, 24:35).
Kitu deui Sir ngalalakon tina reureuh jadi ngageter, kawuwuh jadi wadah cahaya, nya disebat NUR MUHAMMAD. Kitu deui anasir Seuneu jeung anasir Cai pada ngalalakon, miwah ngedalkeun perbawa jeung kakuatanana séwang-séwangan. Sakumna anu kajadian tina HU jeung sipatna henteu suwung tina perbawana tur kakuatanana, kitu deui teu eureun-eureun pada digawé, dilantarankeun ku ‘geterna aether’ nu teu eureun-eureun téa.
Ayeuna ganti lalakon Alam. Tadina mah poék jeung reureuh, ayeuna jadi caang jeung digawé, tur sakumna bibit kadunyaan geus kumpul, ngan dina wujud anu lemes kénéh, nyaéta can jadi saréat anu badag.
Ku kakuatan geteran aether téa jeung ku lemesna sakabéh wujud-wujud, ieu jirim-jirim anu ngumpul téa tuluy boga gerakan muntir saperti kincir, anu mawa tetep nepi ka ayeuna. Sanajan geus nyaréat bumi, langit, panon poé, bulan, béntang, pada tetep gerakanana ngubeng-ngubeng baé kawengku ku aether anu teu eureun-eureun gerakna.
Ari barang anu lemes téa pageuh dina bakatna hayang paburencay, tetep sotéh ngagulung nya éta ku perbawa ngincir tea. Tapi sanajan kitu henteu seweng-seweng aya anu kapeclengkeun, terus patepung jeung jinis nu séjén deui saperti jinis seuneu tepung jeung jinis cai atawa bumi; kitu deui jinis angin patepung jeung seuneu atawa jinis nu opat ngagulung jadi hiji, nyaéta saperti adonanana bada Adam di ALam lemes tadi. Asalna tina anasir bumi, cai, angin, seuneu, hayatna tina Cahaya, naktu Gaib anu boga wawadah aether.
Tadi di hareup diterangkeun yén seuneu tina Ismu Jinis; Cai, Angin, Bumi tina sipatul Af’al, jeung Hayat tina Cahaya Nijis. Nyata ayeuna mah yén dua rupa badan anu di manusa téh najan asalna tunggal hiji ogé aya nu tina sipatul Jinis, aya nu ti Sipatul Af’al jeung Sipatul Sipat.
Lamun dibéjér-béaskeun mah kieu:
- Badag tina sipatul Af’al
- Getih tina sipatul Sipat => GUMULUNG JADI HIJI
- Hayat tina sipatul Jinis
- Nya terus ngalalakon anu nimbulkeun Asma.
Di luhur geus dibabarkeun yén kakuatan jeung perbawa dalil HU jeung gelarna SIR téa ngajadikeun opat anasir nyaéta; Seuneu, Cai, Angin, Bumi. Anu pada ngandung kakuatan jeung perbawa séwang-séwangan. Tina ieu opat anasir anu pada ngandung tanagan jeung kadorong ku kakutan jeung perbawa aether terus aya rupa-rupa campuran, nyaéta:
- Seuneu dalit jeung Cai, Angin, Bumi.
- Seuneu dalit jeung Cai, Angin, tinggal Bumi.
- Seuneu dalit jeung Cai, tinggal Angin jeung Bumi
- Seuneu dalit jeung Angin, Bumi, tinggal Cai.
- Seuneu dalit jeung Angin, tinggal Bumi keung Cai.
- Seuneu dalit jeung Bumi – tinggal Angin jeung Cai.
- Cai, dalit jeung Angin, Bumi – tinggal Seuneu.
- Cai dalit jeung Angin – tinggal Seuneu jeung Bumi.
- Cai dalit jeung Bumi – tinggal Seuneu jeung Angin.
- Angin dalit jeung Bumi – tinggal Cai jeung Seuneu.
Ieu sakumna kaeusian ku Sir jeung Cahaya, ngadatangkeun rupa-rupa kajadian anyar anu jadi Bakat jeung Tabé’at Dunya badag. Kitu deui Roh Manusa nya ti dinya asalna. Di dieu moal waka diwicik hiji-hiji, sabab bisi panjang teuing lalakona, Ngan engké di hareup pasti kapanggih sambunganana. Tapi wicikan anasir-anasir dina wujud tunggalna dina ieu bahasan urang gelarkeun saeutik-saeutik, sabab éta anu nyambung kana kajadian Manusa.
Wicikan Anasir Alam
Dina wujud dunya badag aya Lima Sipat anu dalit jadi hiji, nyaéta:
- Jinis Seuneu
- Jinis Cai
- Jinis Angin
- Jinis Bumi
- Jinis Sir, wawadah Cahaya.
Ieu séwang-séwang pada boga sipat reureuh jeung digawé (gerak), ogé hadé jeung goréng. Jadi anu lima rupa jinis téa ka Dunya Badag mawa 4 x 5 tabé’at, sarua jeung 20 tabé’at.
Kusabab pada mawa séwang-séwang téa, éta nu opat jinis (Seuneu, Cai, Angin, Bumi) watekna mumusuhan baé, lamun diantep ku Sir. Hayu urang telek hiji-hiji.
- Seuneu jeung Cai: upama loba teuing Seuneu ti batan Cai, Cai nu éléh pasti Cai bakal saat. Sabalikna upama Cai loba teuing, Seuneu bakal pareum kacéos ku Cai.
- Seuneu jeung Bumi nya kitu deui,
- Cai jeung Bumi, pon pilalagi. Loba teuing Cai bumi bakal ngayur. Sabalikna, Cai anu nyerep kana Bumi, bakal saat.
- Ari Seuneu jeung Angin atawa Cai jeung Angin, silih bantu perbawa, upama sarua tatandinganana. Gedé Angin: Seuneu bakal ngagugudag, Angin ogé bakal ngaguruh. Cai jeung Angin nya kitu kénéh: Gedé Angin, cai bakal umpal-umpalan ku lambak (tsunami). Gedé Cai angin mingkin rosa. Dina silih bantuna antara Seuneu, Cai jeung Angin, éta kajadian bakal ngakibatkeun guyur atawa ngaruksak alam dunya. Ari Bumi jeung Angin aya dua rupa akibat:
a). Loba teuing Angin, Bumi bakal garing terus meledug,
b). Sabalikna loba teuing Bumi, Angin bakal kapépéed, jadi aber.
Kitu baé ieu opat anasir salilana, upama ku Sir teu diatur kaayaan tatandinganana antara lobana hiji-hijina anasir, supaya bisa akur nepi ka runtut-raut, rempug-jukung, bisa digawé babarengan. Upama diantep mah nya moal séwang-séwang pacéngkadan paséa saumur-umur, susah milampah sok riweuh ka nu eukeur. Kadang kala nu wajib dipilain, nu salah dienya-enya. Kumaha atuh sangkan bisa akur?
Nyaéta Sir nu kudu giat sarta unggul, sabab Sir téh ngeusian sakabéh anasir nu opat tadi. Nu matak kudu unggul perbawana jeung tanagana ti anu opat tadi, Lamun teu kitu nya Dunya badag moal bisa bérés atawa mawa aman lulus mulus, tangtu ngancik dina berewit ku kasakit, matuh nyucud dina pakéwuh.
Ari jalanna pikeun nguatan ieu Sir kudu ku tarékah, supaya tanaga atawa daya listrikna (electricity jeung daya mahnitna (magnetic) tambah badag, nepi ka bisa ngawengku jeung ngaheuyeuk anasir anu opat tadi, sina nepi ka tundukna datang kana ngalakonan rintih-rapih, répéh jempé, silih bantuan dina jalan kahadéan. Sarta silih geuing dina laku kagoréngan, supaya pupugasanana nimukeun komara, pangaruh, peurah sarta pangungsi kasucian Ati.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar