Ucing-ucingan bisa dilakukeun ku barudak lalaki atawa barudak awewe. Samemeh prung sok ngarariung heula bari dikawihan ku saurang:
Cing cangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng
Nu ngawihteh curukna bari acir-aciran, nuduh ka unggal jalma. Lamun palebah “buleneng” curukna nunjuk ka Si A, nya Si A nu jadi ucingna, kudu ngudag-ngudag nu sejen. Anu katewak eta nu kagiliran jadi ucing.
Posting Komentar