Peperangan sok dilakukeun ku barudak lalaki. Tempatna di tegalan atawa di sempalan. Parabot nu dipake nyaeta bebedilan tina awi nu dieusian buah kanyere. Memeh prung dibagi heula. Regu kahiji jadi musuh regu kadua. Dina derna perang, anu katembak (ku bedil kanyere) kudu ngagolepak, api-api tiwas. Atawa mun sukuna nu katembak, kapaksa leumpangna kudu ingkud-ingkudan, jsb. Lamun geus rea nu palastra, pamingpinna sok ngajak mundur atawa ngajak dame bari mawa bandera tina daun tepus atawa daun kakayon sejenna.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar