0
Kaulinan pacublek-cublek uang sok dipilampah ku barudak awewe, duaan atawa tiluan. Carana, masing-masing dampal leungeun dikeupeulkeun, tuluy disimpen di handap. Salah saurang jadi indung, anu purah mepegan (neunggeulan peureup nu duaan deui), kituna the bari peureupna nu kencamah sarua di kahandapkeun. Bari mepegan peureup, si indung ngawih:

Pacublek-cublek uang
Si Uang maung lenter
Matata-mutiti
Si Titi mau kawin
Pa emh, pa emh emh……

Nu peureupna kapepeg pangpandeurina (bareng jeung panungtungan kawih), rikat disimputkeun ka tukang. Tuluy indung mepegan peureup nu sejenna deui, bari angger ngawih, tepi ka anggeus (peureup sarerea geus aya di tukang). Saha nu peureupna pangheulana di katukangkeun, eta nu kagiliran mepegan (jadi indung) dina balenan anu kadua.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top