* Abdimah caruluk arab, heunteu tarima teh teuing = Korma.
* Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing = Pengis.
* Abdi teh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan = Pisin.
* Abdi ti menak ka somah, gamparan mah ieu aing = Umaing.
* Ajag desa basa Jawa, lesuna teu aya tanding = Asu.
* Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing = Asu.
* Ajag lembur lamun engkang, anjing heunteu wangsul deui = Anjing.
* Alun-alun paleuweungan, gagal temen mun teu jadi = Tegal.
* Anak beurit dina katung, kapan enden mundut encit = Buncit.
* Anak munding masih nyusu, aduh eneng buah ati = Eneng.
* Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = Ngoyok.
* Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kiwari = Bodo.
* Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = Lompong.
* Asa hiji jadi dua, temah matak sesah ati = Walimah.
* Awi ngora teh jaradi, temah matak jadi iwung = Iwung.
* Aya nu dianjing cai, aya nu diheroyan = Sero.
* Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi = Kapal udara.
* Ayeuna ge sereh tegal, engkangmah sok matak peurih = Eurih.
* Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = Areng.
* Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = Elos.
* Bale direka masjid, nya pikir bati rumanjug = Tajug.
* Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = Bayawak.
* Bango hejo herang jangjang, piraku engkang ka abdi = Merak.
* Bango leutik bodas bulu, mo samar ka diri abdi = Camar.
* Bareto ge batur pirus, juragan geuning pelekik = Akik.
* Batuk eungap hese damang, sae sumping bae wengi = Mengi.
* Beas ditutuan deui, iraha atuh patepung = Tipung.
* Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = Gelap.
* Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = Sekin.
* Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = Oray.
* Bendi panjang roda opat, ulah kalah kacarita = Kareta.
* Bentang baranang di imah, samar bisa tepung deui = Damar.
* Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = Tanji.
* Beulit cinggir simpay tangan, ulah lali ka sim abdi = Ali.
* Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = Amismata.
* Beusi bodas cingcin kecrik, cumah bae dipicainta = Timah.
* Biasa ngadodol gula, abdi heunteu dipaduli = Gulali.
* Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = Roti.
* Cacangkir bahanna beling, masing welas lahir batin = Gelas.
* Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha = Toke.
* Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = Lasun.
* Catetan bulan jeung taun, juragan merak utami = Alamenak.
* Cau gede ngan sasikat, taya teuing bagja diri = Cau bagja.
* Cek lemek Jawa sumuhun, hayangteh ulah kapanggih = Enggih.
* Cukur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = Panglay.
* Cisusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing = Mantega.
* Cucuk basa malayuna, duriat heunteu laksana = Duri.
* Dadampar di pagulingan, alim ka nu kirang surti = Kasur.
* Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim = Lem.
* Daun kasap kosok meja, tobat ulah nolas teuing = Hampelas.
* Daun tuhur na tangkalna, sok rus-ras ka nu teu aya = Kararas.
* Desember tangtu ditema, geulisna lir widadari = Januari.
* Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan = Tewok.
* Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani = Cikuray.
* Dodol gula digolongan, nu hina kaluli-luli = Gulali.
* Dudukuy panjang gagangna, pikir bati ngalanglayung = Payung.
* Dukun tukang ngemat hewan, abdi mah ku alim teuing = Malim.
* Ekek lembut pupuntiran, tingseredet kana ati = Cecendet.
* Engges kapalupuh nangtung, ayeuna geus kapimilik = Bilik.
* Engkang teh ngajukut laut, sger mun tepung jeung nyai = Ager.
* Gagang caruluk karadak, pantes mun rek dinyeyeri = Langari.
* Gamparan mah sangu atah, keur menak kukuwuh sugih = Gigih.
* Gedang atah keur lumayung, engkangmah jalma ginding = Gumading.
* Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaan = Munara.
* Gedong ngambang di sagara, kapalang geus bela pati = Kapal.
* Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit = Rumaksakit.
* Geulang leutik munggang tangan, siang wengi heunteu lali = Ali.
* Geus tangtu ngajukut alut, seueur teuing pipikiran = Ager.
* Goreng endog rencang sangu, wayahna geus kadar diri = Dadar.
* Gunting pameulahan jebug, kacipta salamina = Kacip.
* Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati = Meri.
* Hayam sawah dipiara, abong ka nu apes diri = Meri.
* Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri = Puyuh.
* Hiris ngora deungeun sangu, abdi mah kapok teh teuing = Kapokan.
* Hui bulu rea akar, bongan sok rayungan teuing = Kumayung.
* Imah leutik tempat ngaji, teu sasa ngalanggar cegah = Langgar.
* Imah ngambang di sagara, ulah kapalang nya bela = Kapal.
* Indung kuar hama sirah, nu kitu ulah digugu = Kutu.
* Insunting ngadaun tuhur, ari ras ka diri abdi = Kararas.
* Isuk basa malayuna, tangtos abdi rek sayagi = Pagi.
* Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagean sumping = Emping.
* Jalaran bibit kalapa, isin da abdi mah istri = Kitri.
* Jampana bugang dadakan, panasaran diri kuring = Pasaran.
* Jati leutik jagong ngora, dodolog kirang utami = Semi.
* Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana = Cara.
* Jukut jangkung pipir gunung, hate abdi panas peurih = Eurih.
* Kacang pankang disayuran, bati ngageremet ati = Gamet.
* Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring = Jaat.
* Kacang jangkung leutik daun, engkangmah satria raris = Hiris.
* Kadal gede saba darat, pareng alus bagja awak = Bayawak.
* Kadeuleu langgir caina, kayap-keyep anu geulis = Keuyeup.
* Kalapa babakal minyak, nu ampuh titis raspati = Cipati.
* Kalong leutik saba gedang, sumedot rasaning ati = Cocodot.
* Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun = Barangbang.
* Kasintu di sisi situ, nu hayang kawanti-wanti = Hayam.
* Kauntun tipung katambang beas, laksana meunang ijasah = Laksa.
* Kebon pare dicaian, siwah niat jalir jangji = Sawah.
* Kembang biru di astana, abot pisah jeung kakasih = Salasih.
* Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran = Jeruk.
* Kembang jambe kara beukah, kumayangyang pikir abdi = Mayang.
* Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati = Bedug.
* Kertas kabur kaanginan, kumalayang pipikiran = Langlayangan.
* Ketuk leutik panayagan, ka abdi mah ninggang teuing = Bonang.
* Keuyeup gede saba laut, teu hade liar tipeuting = Kapiting.
* Koja awi dihuaan, sageuy lamun teu kasorang = Korang.
* Kokotor saluar awak, da sanes dek hiri dengki = Daki.
* Kota kuloneun Lampegan, purah-purah tunggu bumi = Sukabumi.
* Kulit teuas tungtung ramo, baku osk nganyenyeri = Kuku.
* Kuring teh kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan = Warirang.
* Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima = Tuma.
* Lahang bari dibotolan, ningal anu suka galih = Cuka.
* Laleur hideung panyeredan, kilangbara urang jadi = Bangbara.
* Laleur leutik hama raga, ngliari saklong langit = Reungit.
* Lampu leutik tengah imah, abdi samar mere idin = Damar.
* Lamun kapalupuh nangtung, lamun jadi kapimilik = Bilik.
* Lancah cai di walungan, engkang teu emut ka abdi = Engkang-engkang/angkong-angkong.
* Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap-keyepna = Keuyeup.
* Lauk panjang dina parung, ari emut merod pikir = Borod.
* Lauk rebing saba laut, kari-kari jalir jangji = Pari.
* Manuk apung saba eurih, hate asa didudutan = Dudut.
* Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik = Galatik.
* Manuk lindeuk di buruan, kuring bati panas ati = Japati.
* Manuk lisung anu jalu, dagoan dipasampangan = Jago.
* Manuk rengge saba ulam, hayang tepi ka ngajadi = Caladi.
* Manuk tukung saba reuma, uyuhan daek ka abdi = Puyuh.
* Maung tutul saba kasur, diri teu ngarenah cicing = Ucing.
* Melak bangsal di kotakan, wayahna dek sabar diri = Nebar.
* Mencek leutik saba alas, abdi daek ngarencangan = Peucang.
* Meri pendek ngojay hayam, heunteu negtog pikir abdi = Entog.
* Monyet hideung sisi leuweng, susah teu aya tungtungna = Lutung.
* Mun inget mangsi malayu, anjeun teh cinta ka kuring = Tinta.
* Mun jagan kadadar tipung, upami kagungan rabi = Surabi.
* Nu dahar taya sesana, ngan osok dipoyok badis = Ledis.
* Nu gering geus rampus dahar, kuringmah mo payu deui = Mamayu.
* Nu nutu miceun huutna, mun awon moal ditampi = Napi.
* Nya buah ngacung ka luhur, kuringmah sok panas ati = Danas.
* Nya hujan tara aya eureunna, abdimah kalangkung ajrih = Ngijih.
* Nyeupan sangu tacan timus, teu sanggup manggihan deui = Gigih.
* Nyiar pare tutukeuran, teu pantes hayang ka abdi = Nguyang.
* Nyiru gede wadah bangsal, anjeun mah sok sindir-sampir = Tampir.
* Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting = Papanting.
* Pangcalikan tonggong kuda, kudu satia bumela = Sela.
* Paparem ngawuran ketan, mokaha atuh da wargi = Ragi.
* Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna = Kecap.
* Peso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri = Nulis.
* Peso patok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing = Rejang.
* Peso raut Cibarusa, sugan welas ka nu miskin = Sekin.
* Pileuleuyan kebo gunung, ngadadak tineung nya pikir = Badak.
* Piunjuk dumeh rek wangsul, sanes abdi rek cilimit = Pamit.
* Puguh mah ubar muriang, nu hina leuwih ti misti = Kina.
* Puter putih saba lembur, kuring seja bela pati = Japati.
* Rante ngait kana baju, memang geus cumantel ati = Cantel.
* Rasa seuneu mun kacabak, hate abdi panas peurih = Panas.
* Reregan sabuder imah, kasangsara siang wengi = Kasang.
* Rebab jangkung di pandopo, nalangsa kabina-bina = Tarawangsa.
* Rimbas panjang pameulahan, kagembang si jangkung leutik = Patik.
* Ruas awi dirorekan, pikir asa selang-seling = Suling.
* Salendro di papanggungan, ngomong kalepasan teuing = Koromong.
* Santri miskin geus mareman, tangtu tiis pikir diri abdi = Pakir.
* Sangrayan peupeus meueusan, ulah jadi rengat galih = Rengat.
* Sapikul katian Cina, malah kumplit sareng cingcin = Dacin.
* Sendok batok digagangan, geus lawas abdi ngalayung = Gayung.
* Sereh leuweung turub saung, hate abdi panas peurih = Eurih.
* Sanggal hideung saba ranca, tembong lelewa nu manis = Lele.
* Sekin alus tuturunan, kaduhung datang pandeuri = Duhung.
* Sieun teu kapancar kawung, kabiruyungan ku eulis = Ruyung.
* Simeut rungkang diwalungan, ulah niat ngawiwirang = Hurang.
* Simpay rema beulit cinggir, ulah lali ka sim abdi = Ali.
* Sinjang panjang lepit sisi, tobat sanes miwulangan = Kebat.
* Sireum mungguhing ceuk Jawa, sing emut ka diri abdi = Semut.
* Sirop nyegak nu ngabudah, ulah sok resep ngalamun = Limun.
* Sok hayang kapancar panday, kaparengkeun ka nu geulis = Areng.
* Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil = Caruluk.
* Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih = Gigih.
* Sok sieun disupir kahar, sok sieun abdi diusir = Kusir.
* Sorog beusi pamukaan, sae enden ngajak saksi = Sosi.
* Srangenge bijil peuting, rek sabulan rek sataun = Bulan.
* Suuk anu keur melentung, tadi oge abdi jangji = Toge.
* Sumur deet ulah nyangka, belang bayah gindi pikir = Balong.
* Tegal tengah sagara, laun-laun sugan hasil = Alun-alun.
* Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut = Simeut.
* Teu beunang di jambe hapa, teu beunang di gomeng-gomeng = Komeng.
* Teu beunang dikehkel poleng, teu beunang dibangbalerkeun = Jeler.
* Teu beunang diopak kembung, teu beunang diontong-ontong = Kolontong.
* Teu beunang dipiring leutik, teu beunang dipikaisin = Pisin.
* Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang = Hayam.
* Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan = Sasagon.
* Teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah = Kulah.
* Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun = Kejo.
* Teu beunang ditihang pondok, teu beunang dideudeuleukeun = Deudeul.
* Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang dipikasono = Kaso.
* Teu beunang diwaru leuweung, teu beunang diboro-boro = Bisoro.
* Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna = Lutung.
* Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka nyai = Urang Ambon.
* Warisan sekin pusaka, haturan nyai pribadi = Badi.
Copyright © Tatar Pasundan
hatur nuhun kang, abdi jadi tiasa ngerjakeun PR sakola. anu akang mh panglengkepna ;)
BalasHapusSwngsulna, mangga we kantun di kutif, mung upmi tiasamh teras dipelajri oge sanes mung ukur dijantenkeun bahan contekan wungkul,,,sangkan urangna oge langkung ngartos sarta kabudayaan urangteh teu kitu wae kasilir wanci.
HapusDuh waduh waduh waduuuuh .... Aing liyeur..... Lam kenal .. Akuahmadjuga
BalasHapusLieur ku naon kang?
HapusArTi dalam bahsa indonsia dong
BalasHapusBagian mana kang yang ingin diterjemahkan kedalam bahasa Indonesianya?
HapusMemang akang asli mana?