0
Majar maneh cengkeh koneng,
Kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
Kulit beuteung mani nambru.

Rarasaan melak cau,
Teu nyaho mun melak jahe.
Rarasaan matak lucu,
Teu nyaho mun matak rehe.

Rarasaan ngala mayang,
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan koneng umyang,
Teu nyaho cakeutreuk hideung.

Sok hayang nyaba ka Bandung,
Sok hayang nyaho nanjakna.
Sok hayang nanya nu pundung,
Sok hayang nyaho nyentakna.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top