Daek soteh ka Cinangka,
Ka Cisitumah teu purun.
Daek soteh ka manehna,
Ka nu itu mah teu purun.
Hayang teuing buah muris,
teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana.
Ka mana nya nyiar kulit,
Hayang seubeuh sesewiran.
Ka mana nya nyiar duit,
Hayang seubeuh pelesiran.
Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya kuduna.
Mihape sisir jeung minyak,
kade kaancloman leungeun.
Mihape pikir jeung niat,
Kade kaangsongan deungeun.
Cau ambon dikorangan,
Kanyere ka pipir-pipir,
Lalaki ambon sorangan,
Awewe teu mikir-mikir.
Dengkleung dengdek,
Buah kopi raranggeuyan.
Ingkeun anu dewek,
Ulah pati diheureuyan.
Kapinis ulah disumpit,
tangkal muncang ngarangrangan.
Ieu nulis bade pamit,
Du’akeun ti kaanggangan.
Karinding palapah kawung,
ditiup ku nu paranti.
Nu ginding ulah mangpaung,
sing emut ka diri abdi.
Kaso pondok kaso panjang,
kaso ngaroyom ka jalan.
Sono mondok sono nganjang,
sono patepang di jalan.
Kembang goyang jeung ermawar,
Pacampur jeung kacapiring.
Hariwang rea kekelar,
Tagiwur teu ngeunah cicing.
Lampuyang nu cocongoan,
Bawaeun ka Rajagaluh.
Ku hayang nya sosonoan,
Isukmah urang pajauh.
Leuleupeutan leuleumeungan,
Ngarah kekejoanana.
Deudeukeutan reureujeungan,
Ngarah tetenjoanana.
Majar maneh nganyam samak,
Neukteukan bari motongan.
Majar maneh neang anak,
Ngadeukeutan popotongan.
Ngala antanan ka jami,
Cau emas tengah huma.
Kahayang ulah rek lami,
Geura unjukan ka Ama.
Ngalantung mulungan tanjung,
Bari metik nagasari.
Baringung pikir mangpaung,
Ati ngerik jeung rarisi.
Pucuk tiwu akar bangban,
Amis mata disusukan.
Mun rek milu geura dangdan,
Cimata geura susutan.
Rayagung tanggal sapuluh,
Kasungka reujeung malela.
Abdi burung mun teu tulus,
Kasuka da ti baheula.
Reundeu beureum reundeu hideung,
Reundeu kayas solempangan.
Beuki heubeul beuki nineung,
Beuki lawas kaedanan.
Samping hideung dina bilik,
Kumaha nuhurkeunana.
Abdi nineung kanu balik,
Kumaha nuturkeunana.
Sayang kaak diarengan,
Diasupkeun kana peti.
Hayang angkat sasarengan,
Bati gegetun nya ati.
Mun teu tulus ka paseukna,
Ka pacirna oge hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
Ka adina oge hade.
Sapanjang jalan Soreang,
Moal weleh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weleh diakalan.
Copyright © Tatar Pasundan
tong donk bikinin rarakitan dan paparikan 20 bait
BalasHapus